Selasa, 13 Januari 2009

TAMADA KANU BUKUNA DICUTAT

Dina Pangajaran Basa Sunda ieu, beunang nyutat tina buku-buku pelajaran sakola anu aya di pasaran, ari nu jadi sabab, sangkan barudak siswa, teu kudu meuli deui buku pelajaranana, anu kaduana pangalaman di lapangan, para siswa teh rada hese pikeun nuliskeun ucapan-ucapan anu kadengena, kusabab eta, rada mindeng materi pangajaran teh ngahaja didiktekan, sangkan siswa nulis naon-naon anu ku guruna diucapkeun, lamun aya kasalahan dina nulisna, sakalian guru bisa menerkeunana.
Ngan tangtu, jeung bisa jadi ieu materi bisa disebutkeun plagiat, lantaran nyutat tina buku nu geus aya di pasaran tea, ngan tong hariwang, materi pangajaran Basa Sunda ieu, teu rek dijual, jeung teu rek disebarkeun ka luar, ieu mah dipake ku kuring wungkul, jeung dipake ku lingkungan kuring ayeuna.
Jadi, sakali deui hampura bukuna ku kuring kapake, jeung dina salah-sahiji pangajaran aya eusina anu dirobah, disaluyukeun jeung kaayaan sakola di tempat kuring ngajar.
Sakali deui, hampura. Nun

PANGAJARAN KAGENEP

Pangajaran
Kagenep

Ieu aya karangan atawa tulisan, anu judulna "Ali Sadikin". Ieu karangan těh kagolong kana tulisan biografi atawa nyaritakeun riwayat hirup. Pěk ilo sing tenget tuluy catet ciri-ciri ěta tulisan těh.

ALI SADIKIN

Buntut kajadian Gerakan 30 Sěptěmber PKI, kayaan di puseur nagara Jakarta harěnghěng. Nyawa manusa ampir teu aya hargana. Ra'yat balangsak, barang-barang kaperluan lus-les teuing ka mana. Unggal poě kudu baě manggihan mayit, ngambang dina walungan.
Ku sabab euweuh duit, pangwangunan macět. Jalan-jalan rarenjul, sakola barutu, sajaba ti kurang těh. Nyaksian kayaan kitu, Presiděn Sukarno ngangkir Lětkol Marinir Ali Sadikin ka Istana Merděka.
Diangkir ka istana ku Presiděn, Ali Sadikin reuwas. Aya naon ? Boa-boa aing rěk dihukum, cenah. Da apan harita těh loba jelema ditěwakan.
"Ali, nyaho naon sababna anjeun dipanggil ?" cenah, saur Bung Karno, barang Ali Sadikin sumping ka Istana Merděka.
Nu ditaros pungak-pinguk, lantaran teu terang těa. Kajadian saterusna, Ali Sadikin diangkat janten Gupernur DKI Jakarta. Bung Karno ngahaja milin anjeunna, lantaran Jakarta butuh pamingpin nu gedě kawani.
Ahirna Ali Sadikin resmi diistrenan jadi Gupernur DKI Jakarta April 1966. Rěa anu teu satuju, pangpangna para mahasiswa. Sabab dianggap antěk-antěk Orde Lama, da apan diangkatna ku Bung Karno. Teu kantos lami Bung Karno lungsur tina kalungguhunana, terus diganti ku Soeharto.
Salami dipingpin ku Ali Sadikin, pangwangunan Kota Jakarta kacida majuna. Jalan-jalan aralus deui, lian ti loba nu anyar těh. Gedong sakola terus nambahan. Wewengkon nu tadina kotor, loba nu salin jinis jadi sěhat. Geura ulin ka daěrah Pluit ayeuna. Saha nu nyangka urut rawa. Nya kitu deui Cengkarěng, Pulo Gadung, Ancol, atawa Kemayoran. Hasil usaha Ali Sadikin, jadi daěrah pikabitaeun. Malah Ancol mah jadi tempat wisata nu kacida mashurna. Ti mana-man daratang ngadon pariknik. Hidep gě pasti kungsi ulin ka Ancol, ěta kaběh jasana anjeunna.
Dina ngawangun Jakarta, anjeunna henteu ukur nyieunan gedong jeung jalan. Bisa jadi ěta bědana Ali Sadikin jeung gupernur-gupernur sějěn těh. Sigana ngan anjeunna, pamingpin nu enya-enya merhatikeun kana kagiatan budaya. Nya Ali Sadikin pisan, nu mokalan nyieun děwan kasenian daěrah těh. Nyaěta Děwan Kasenian Jakartan (DKJ). Lengkep jeung tepat para seniman němbongkeun karya-karyana, "Taman Ismail Marzuki" těa.
Geus kitu ampir di unggal daěrah, aya lembaga sarua. Narurutan nyarieun gedong budaya. Contona di Bandung, Taman Budaya di Jalan Dago. Ngan lantaran tuturut munding, henteu maju saperti Taman Ismail Marzuki.
Teu kurang geděna perhatian anjeunna kana kagiatan olahraga. Naon rupa kaperluan olahraga disadiakeun. Nasib para atlit diperhatikeun. Jaman Ali Sadikin mimiti aya olahragawan anu meunang gajih atawa digawěkeun těh. Ieu ogě tuluy diturutan ku pajabat daěrah sějěnna.
Urang Jakarta kacida reueusna boga gupernur siga Ali Sadikin. Geusan němbongkeun kareueusna, sareng istrina almarhumah Drg. Nani Sadikin, dipaparin sebutan Bang jeung Mpok. Tug nepi ka ayeuna, rěk kolot, rěk budak, ti mimiti ra'yat, nepi ka presiděn, nyarebutna těh Bang Ali.
Sabenerna kaběh gupernur Jakarta mareunang landian sarua "Bang". Kaasup Gupernur Sutiyoso ayeuna. Tapi, taya nu napel siga anjeunna. nepi ka urang Jakarta sigana mah poho, yěn Ali Sadikin těh urang Sunda. Lain asli urang Batawi.
Lětjěn Marinir (Purn.) Ali Sadikin, lahir di Cangkudu Sumedang, 7 Juli 1926. Ramana Raděn Sadikin, Kepala Jawatan Pertanian Kabupatěn Sumedang. Almarhum Raděn Sadikin kagungan putra genep, sadayana pameget. Ari Bang Ali pangais bungsu.
Salah saurang saděrěkna, nya Dr. Hasan Sadikin, lantaran jasa-jasana, jenenganana didamel nami Rumah Sakit Hasan Sadikin Bandung. Upami dijujut ka luluhurna, tětěla anjeunna kagungan getih měnak. Kumargi turunan měnak, satamatna Sakola Rakyat, tiasa neraskeun ka HIS (SMP). Lulus taun 1940, neraskeun deui ka MULO (SMA).
Kantos ngalih ka Sakola Těhnik, ngan teu kantos tamat, kabujeng daratang tentara Jepang. Sakola deui di Sekolah Pelayaran Tingii (SPT). Tamat taun 1943. Ti dinya ngiring pendidikan KKO Angkatan Kahij (1952), saměměh dikirim ka Aměrika, tolab ělmu di Korp Marinir (USMC School). Sarěngsěna dikirim deui ka Walanda.
Pirang-pirang jabatan kantos dipercantenkeun nagara ka ieu měnak terah Sumedang těh. Tapi, sohorna mah angger, waktos mingpin urang Batawi. Kaleresan waktos Ali Sadikin mingpin Jakarta, Solihin GP (Mang Ihin) kapeto jadi Gupernur Jawa Barat.
Nu hiji měnak Sumedang, nu hiji deui měnak Tasik. Duanana jěndral, duanana kasěp, turug-turug nyobat dalit. Atuh dina mingpin daěrahna masing-masing těh, sering paheuyeuk-heuyeuk leungeun. Sakapeung ramě pasěa. Masěakeun kapentingan ra'yatna.
Terang Gupernur Jakarta rěa duitna, sakali mangsa Mang Ihin ngaluarkeun "ancaman", "Jakarta moal diběrě cai, upama teu měrě waragad jang nyieunsakola". Duka kumaha pok-pokanana, ngan nu tangtu "ancaman" Mang Ihin těh aya hasilna. Teu kungsi lila, torojol bantuan ti Pemda DKI Jaya keur nyieun sakola di Jawa Barat.
Ku sabab dianggap pamingpin suksěs, rěa nu ngarep-ngarep Ali Sadikin jadi presiděn. Bisa jadi ěta sababna, pangna dina taun 1977, teu pupuguh anjeunna kedah lungsur tina jabatan gupernur.


Maham Kecap

Harěnghěng = werit, henteu aman macět = magol, teu jalan
Ngangkir = ngondang, nitah datang pungak-pinguk = teu bisa ngajawab lanta-
Diistrěnan = diangkat, dilantik ran bingung atawa teu -
Antěk-antěk = usung-ěsang, balad nyaho
Salin jinis = robah, ganti kalungguhanana = jabatanana, pangkatna
Mashurna = sohorna, kawentarna mokalan = ngamimitian
Geusan = pikeun, keur tuturut munding = nurutan, pipilueun.
Landian = sebutan pangais bungsu = lanceukna pisan si bung
dijujut = disusud, dipapay su.
Tolab ělmu = sakola, diajar kapeto = kapilih, dipercaya
Waragad = dana, duit, biaya paheuyeuk-heuyeuk = digawě babarengan, go-
Ngarep-ngarep = nungguan leungeun = tong royong

A. Maham Eusi Wacana Biografi

1. Kota Jakarta harěnghěng, nyawa manusa euweuh hargaan.
Harti harěngrěng těh sarua henteu jeung teu aman ?
2. Naon sababna basa diangkir ka Istana Merděka, Ali Sadikin kungsi ngarasa reuwas ?
3. Naon sababna Bung Karno milih Ali Sadikin sina mingpin Jakarta ?
4. Kumaha hasilna salila Ali Sadikin mingpin Jakarta ? Naon ukuranana ?
5. Naon alesanana urang Jakarta měrě gelar Bang ka Ali Sadikin ?
Mun di urang sebutan Bang těh kira-kira sarua jeung naon ?
6. Urang mana aslina jeung iraha lahirna Ali Sadikin těh ?
7. Anak saha jeung nomer sabaraha tina genep sadulur ?
8. Loba mana genep sadulur jeung dulurna genep ?
9. Salah saurang rakana, jenenganana dianggo nami rumakit. Saha ěta ? Naon alesanana ?
10. Waktu duanana jadi gupernur, kabějakeun Bang Ali jeng Mang Ihin mindeng pasěa.
Masěakeun naon cenah ? Naha aranjeunna mumusuhan ?
11. Ku naon cenah, pangna Bang Ali teu pupuguh dilirěnkeun tina jabatan gupernur ?
Cik sugan ayan nu terang, waktu ěta saha nu jadi Presiděnna ?

B. Larapkeun kecap-kecap di handap ieu kana kalimah gigireunana.

a. Pungak-pinguk 1. Kayaan kota mani _____________, lantaran usum perang.
b. harěnghěng 2. Calana těh slětingna ______________, kawantu geus heubeul.
c. macět 3. Bung Karno ____________ Ali Sadikin ka Istana Merděka.
d. salin jinis 4. Jalma ěta mah basa ditanya ku pulisi těh ngadon ______________
e. geusan 5. April 1966 Ali Sadikin _____________ janten gupernur.
f. ngangkir 6. Anjeuuna disangka jadi _____________ orde lama.
g. diistrěnan 7. Bung Karno dilungsurkeun tina ____________________
h.tuturut munding 8. Nu baheulana leuweung jeung rawa těh kiwari ____________ jadi kota.
i. antěk-antěk 9. Daěrah Ancol jadi tempat wisata nu kacida _____________
j. mashurna 10. Anjeunna nu ______________ nyumbang ka Acěh těh.
k. kalungguhanana 11. Jadi jelema ulah sok ____________, bisi dianggap teu boga pamadegan
l. mokalan 12. _________ nembongkeun kereureusna, urang Jakarta mere gelar Bang

C. Jodokeun kalimah di handap ieu ku cara narik garis antara babasan jeung hartina anu bener

1. asak jeujeuhan a. borangan
2. carang takol b. gorěng milik
3. jadi sabiwir hiji c. wanian pisan, euweuh kasieun
4. lěběr wawaněn d. teu nyaho saha-sahana nu jadi baraya
5. leumpeuh yuni e. dipikiran heula masing anteb
6. leutik burih f. jelema nu langka pisan ngomong.
7. malapah gedang g. digawě ti isuk nepi ka peuting teu eureun-eureun
8. pareumeun obor h. geus jadi caritaan jelema rěa.
9. sisit kadal i. babari kapangaruhan
10 tisusut tidungdung j. malibir heula měměh nyaritakeun maksudna.










-----mmd-----


PANGAJARAN KALIMA

Pangajaran
Kalima

Dihandap aya wacana siaran televisi dina program acara "Golěmpang". Golěmpang těh hartina sarua jeung tiguling. Lian ti ěta aya deui hartina, nya ěta salahsahiji igel atawa tepak kendang kasenian penca silat. Tapi, nu rěk dicaritakeun dina ieu bacaan mah. "Golěmpang" salahsahiji acara, anu mayeng disiarkeun ku stasiun televisi lokal. Bandung TV.
Ieu acara wangunna wangkongan, antara si penyiar jeung tokoh-tokoh Sunda, seniman, juru atik, ahli basa jeung sajabana, Geura yu urang bandungan !
Kabeneran eusina magunemkeun, naha enya ari basa Sunda těh hěsě. Nya kitu deui tokoh anu diondangna, enya-enya ahlina. Kahiji Bapa Drs. Ano Karsana, M.Pd. ( Ano ) Dosěn Basa Sunda ti UPI Bandung. Nu saurang deui, Ibu Dra. Eulis Saputra ( Eulis ), Guru Basa Sunda di salahsawios SMP. Sedengkeun prěsěnterna, Bapa Us Tiarsa ( UT )
Pek ku hidep regepkeun Ibu/Bapa Guru atawa batur hidep rěk macakeun ěta wacana ! Sing saregep !

GOLÊMPANG

UT : Haturan, wilujeng sumping sareng wilujeng wengi, hatur nuhun kana kasumpinganana ka studio.

Ano : Sami-sami. Sawangsulna hatur nuhun kana pangangkirna.

Eulis : Wilujeng wengi !

UT : Rupina bade ka Pa Ano heula. Seueur anggota masarakat, anu kagungan anggapan, yen basa Sunda těh hěsě. Dugi ka maraněhna, milih sasauran ku Basa Indonesia, batan ngagunakeun basa Sunda. Tah, naha leres basa Sunda těh hěsě ?

Ano : Namina ogě anggapan, tangtos teu acan kantenan leresna. Malih cěk sim kuring mah, ěta anggapan těh lepat kabina-bina. Ayeuna sim kuring badě naros ka Pa Uus, hěg waler sing jujur. Numutkeun Pa Uus, sesah mana sasuran ngangga basa Sunda, sareng ngagunakeun basa Inggris atanapi Arab ?

UT : Ku margi sim kuring mah urang Sunda, kantenan sesah kěněh sasanggem ku basa Inggris sareng basa Arab.

Ano : Saleresna basa Sunda těh, henteu sesah teu sing, utamana pikeun urang Sunda. Cenah ěta masarakat aya anggapan, majar basa Sunda hěsě, ěta mung raraosan. Biasana pědah dina basa Sunda, aya nu disebat tatakrama basa. Undak-usuk basa disebatna, upami kapungkur mah. Aya basa lemes, aya basa kasar. Padahal asal dibiasakeun, dijamin henteu hěsě teu sing.

UT : Kumaha pamendak Bu Eulis ?

Eulis : Nu mawi ěta nu kedah diusahakeun ku urang těh. Ngarobah sikep sabagěan urang Sunda, supados ulah aya emutan, yěn basa Sunda těh hěsě. Sapertos nu nembě disaurkeun ku Pa Ano. Sim kuring rada ngartos sareng tiasa nyanggem ku basa Inggris. Tapi, numutkeun pangalaman, angger baě langkung gampil nyanggem ku basa Sunda. Nya kitu deui dibandingkeun sareng basa Indonesia, tetep langkung lancar ngagunakeun basa Sunda. Margi tos biasa těa.

Ano : Leres, da basa mah saněs apalkeuneun, namung anggoeun. Sareng naha dikinten urang Sunda nu sasauran ku Basa Indonesia, basa Indonesiana laleres kitu ? Malih apan lětah urang Sunda kasohor sesah upami diajak mamalayuan těh. Běnten sareng urang Jawa atanapi urang Sabrang.

UT : Janten ari kitu mah, majar basa Sunda sesah těh, henteu leres ?

Eulis : Lepat pisan. Sakali deui, asal dibiasakeun, basa naon-basa naon ogě, tinangtos bakal gampil.

UT : Namung ayeuna mah geuning, ulah di kota, di pilemburan ogě, ngawitan seueur nu nyariosna mamalayuan.

Eulis : Leres. Contona di lembur sim kuring. Nanging punten moal disebatkeun, lembur naon-lembur naonna mah. Seueur barudak aralit, niru-niru urang Batawi. Nggak mau, pěngin makan, biarin, cenah. Da ěta panginten dipirucaan ku sepuh-sepuhna.

Ano : Janten emut kana dongěng rěrěncangan. Aya urang lembur, di damel di Jakarta. Teu acan pati lami, nembě sataun jalan. Waktos mulang lebaran, siga nu tos hilap pisan kana basa Sunda. Nyarita sareng sasaha těh, teu welěh nurutan Si Mandra. Elu, guě sareng sajabina. Kacaturkeun piěnjingeun manehna wangsul deui ka kota, ditaros ku tatanggana. Iraha ka Jakarta deui ? Jawabna těh : "Běsok". Ditaros deui, rěk wayah naon ? kumaha pokna ? Běsok-běsok.

UT : Maksadna mah panginten isuk-isuk.

Ano : Leres.

UT : Tadi disebatkeun, pangna dianggap hěsě těh, ku margi aya tatakrama basa těa. Sarieuneun lepat rupina. Batan lepat mending ngagunakeun basa Indonesia. Utamina barudak ngora. Kumaha pamendak Bu Eulis ?

Eulis : Naha ari dina basa Indonesia, basa Inggris, sareng basa Arab, teu aya tatakrama basa kitu ? Aya, aya pisan. Contona dina basa Indonesia. Mustahil ka prěsiden nyebat lagi makan atanapi tengah tidur. Pasti nyebat těh lagi bersantap. Tengah istirahat. Sarengna deui jumlahna ogě, da henteu seueur-seueur teuing. Moal aya satai kukuna, upama dibandingkeun sareng ngapalkeun robahna kecap dina basa Inggris atanapi Arab.

Anu : Ah, nya ěta atuh, urang Sunda mah sakapeung sok rada hěngkěr. Gampil ělěhan.

Eulis : Rupina kedah aya kampanyeu husus. Nyebarkeun pamflět, saur saha basa Sunda hěsě !

UT : Aěh, teu karaos, parantos ampir sajam. Ku margi kitu, kanggo samentawis, wangkongan těh urang pungkas. Ka payun urang sambung deui. Hatur nuhun.


Maham Kecap.

Mayeng = angger, terus-terusan kawentar = kasohor
wangkongan = obrolan kabina-bina = kacida, pisan
juru atik = pendidik, guru, dosěn sasanggem = lemesna tina nyari
magunemkeun = ngobrolkeun, ngabahas, medar ta, ngomong, dipake keur
majar = cenah ka sorangan
tatakrama basa = sopan santun basa, undak-usuk dikinten = dikira
basa, basa lemes jeung kasar. niru-niru = nurutan
dipirucaan = dicontoan, dimimitian wayah = mangsa, waktu
kacaturkeun = kacaritakeun pungkas = tutup
satai kukuna = sabagěan leutik samentawis = saheulaanan
hěngkěr = kurang kuat, babari ělěh


B. Nyangkem Eusi Siaran Televisi

Sangkan urang nyaho atawa paham kana eusi siaran televisi tadi, ayeuna jwab pananya ieu dihandap !

1. Acara naon "golěmpang" těh ? Di mana disiarkeunana ?
2. Saha waě nu sok diondang kana acara "Golěmpang" ? Saha biasana prěsěnterna ?
3. Ari dina bacaan nu bieu dibaca ku hidep, saha baě tokoh nu diondang těh ?
Magunemkeun naon ?
4. Kumaha cenah anggapan sabagěan masarakat Sunda kana basa Sunda těh ?
Kumaha nurutkeun Pa Ano ?
5. Ari cěk hidep kumaha ? Naon alesanana ?
6. Naon kira-kira sababna, pangna boh Pa Ano boh Bu Eulis, atawa Pa Uus, nganggap basa Sunda henteu hěsě ?
7. Saha nu leuwih mindeng ditanya ku prěsěnter di antara Pa Ano jeung Bu Eulis ? Saha nu pinter nyarita basa Inggris ?
8. Kudu ngayakeun naon cenah, supaya masarakat ulah hayoh-hayohan nganggap basa Sunda hěsě ? Hidep satuju henteu ? Naha ?
9. Cik caritakeun deui dongěng urang lembur nu digawě di Jakarta těh !
10. Ari di imah, biasana hidep nyarita ngagunakeun basa naon ?


C. Nyatet Kekecapan Nu Hěsě

Coba hidep bandungan salahsahiji acara televisi lokal. Naon baě asal ngagunakeun basa Sunda. Catet kecap-kecap nu dianggap hěsě, anu digunakeun ku penyiar, tuluy těangan hartina dina kamus !


D. Pěk larapkeun kekecapan ieu di handap kana kalimah, sarta perhatikeun contona.

Conto : Igel = Ibing, tari
Igel nu kitu mah jaipongan lain penca

1. Anggapan = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

2. Kantenan = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

3. Lepat = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

4. Numutkeun = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________


5. Dijamin = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

6. Lancar = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

7. Pamendak = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

8. Sunda = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

9. Lembur = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

10. Biasa = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

11. Lětah = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

12. Hěsě = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

13. Ngora = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

14. Acara = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

15. Lokal = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

16. Prěsěnter = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

17. Lepat = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

18. Mulang = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

19. Kota = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

20. Isuk-isuk = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________


Ě. Neuleuman Jeung Ngoměntaran Basa Nu Digunakeun.

Sabada nyaho atawa paham kana eusi siaran televisi, ayeuna pěk ku hidep teuleuman tuluy catet kekecapan atawa basa Sunda nu digunakeun ku penyiar televisi. Tangtuna waě nu diteuleuman těh kekecapan atawa basa nu kurang merenah. Sanggeus kitu tuluy bahas jeung babaturan sakelas ! Nu dibahas těh upamana ngeunaan :
1. Kekecapanana.
Kekecapan nu digunakeun dina ěta guneman kagolongkeun kana kecap ragam hormat, lantaran dina suasana formal atawa resmi. Tangtu waě lamun urang cacarita atawa ngawangkong dina suasana resmi, alusna ngagunakeun ragam hormat, komo lamun nu diajak nyaritana tamu atawa saluhureun.
Ayeuna urang titěnan kekecapan nu digunakeun dina ěta siaran televisi.

"Rupina badě ka Pa Ano heula. Seueur anggota masarakat anu kagungan anggapan, yěn basa Sunda těh hěsě. Dugi ka maraněhna milih sasuran ku basa Indoněsia, batan ngagunakeun basa Sunda. Tah, naha leres basa Sunda těh hěsě ?"

Kecap rupina těh kagolong kana ragam hormat, boh keur sorangan boh keur batur. Ari ragam lomana apan sigana. Dina tatakrama basa nu baheula mah disebut undak-usuk basa, ragam keur sorangan jeung ragam hormat keur ka batur. Geura prak titěnan kekecapan nu dipakě dina guneman siaran televisi lamun diasupken kana tatakrama makěna basa.
Conto : Kuring geus datang ka sakola
Abdi parantos dongkap ka sakola
Pa Guru parantos sumping ka sakola.

RAGAM HORMAT
RAGAM LOMA KEUR SORANGAN KEUR KA BATUR

datang dongkap sumping
jeung sareng sareng
rupana rupina rupina
arěk badě badě
loba seueur seueur
boga gaduh kagungan
hěsě sesah sesah
nepi ka dugi ka dugi ka
cacarita sasanggem sasauran
ngagunakeun nganggě nganggě
ngaranna namina jenenganana
ngarobah ngarobih ngarobih
saperti sapertos sapertos
ngarti ngartos ngartos
babari gampil gampil
bener leres leres
lain saněs saněs
pakěeun anggoeun anggoeun
dikira dikinten dikinten
běda běnten běnten
mimiti ngawitan ngawitan
babaturan rěrěncangan rěrěncangan
balik wangsul mulih
ditanya ditaros ditaros

Lian ti ragam basa hormat nu digunakeun dina ěta siaran, aya kekecapan serepan tina basa deungeun. Tangtu waě diwenangkeun atawa meunang urang guneman ngagunakeun kecap serepan, asal ěta kecap euweuh dina kabeungharan kecap basa Sunda.
Contona : Pamflet jeung studio

2. Wangun Kecap Jeung Kalimahna
Wangun kecap nu digunakeun dina siaran televisi umumna geus luyu jeung aturan tatabasa. Saperti kecap kasumpinganana, ěta kecap těh kagolongkeun kana kecap rundayan, anu diwangun ku kecap dasarna sumping makě rarangkěn -an nu jadi -ana sarta rarangkěn barung ka- - an. Mun dianalisis mah meureunan kieu


kasumpinganana




kasumpingan -ana



ka- -an sumping



F. Ngalaporkeun Basa Jeung Eusi Siaran Televisi

Pěk ku hidep caritakeun deui basa jeung eusi siaran televisi těh sacara lisan !




















-----mmd-----

PANGAJARAN KAOPAT

Pangajaran
Kaopat


A. Maca Jeung Maham Dongěng

Ieu aya dongěng, judulna "Dongěng Santri Bodo". Pěk ku hidep ilo ( baca jero hatě ) sing nepi ka apal jeung kaharti, tuluy baca sing bedas.

DONGÊNG SANTRI BODO

Aya santri pohara beletna. nepi ka mindeng jadi pamoyokan santri-santri lianna. Mangtaun-taun masantrěn, can ngalaman hatam Al Qur-an sakali-kali acan. Boro-boro hatam Al Qur-an, jampě solat oge ukur baě bisa maca fatihah jeung surat parondok. Puguh deui nalar kitab atawa nyarita ku basa Arab mah, tinggaleun pisan. Tapi, ari ngaliwet mah pang pinterna. Kabějakeun kaanggo ku Ajengan sagala.
Loba babaturanana nu geus baroga pasantrěn sorangan. Atuh santri-santri anyar jul-jol, ngaganti nu geus taramat. Sedeng maněhna teu menyat-menyat. Tungtungna ngarasa ěra sorangan. Êra ku sasama santri, isin ku ajengan.
Tina geus teu kuat nahan kaěra, hiji poě maněhna nepungan Ajengan di bumina. Maksudna rěk terus terang, niat balik ka lemburna. Barang tepung pok nyarita : "Ajengan abdi seja amitan, badě mulang ka lembur," cenah.
"Mulang teh mulang kumaha, apan lain waktu perě ?" tembal Ajengan.
"Mulang teras, moal wangsul deui ka pasantrěn. Da bongan geuning, mangtaun-taun masantrěn, teu aya pisan kamajengan."
Ajengan henteu buru-buru ngidinan. Malah terus ngawurukan, sangkan ulah babari pegat harepan. Unggal jelema kamampuhna teu sarua, saurna. Aya nu gancang bisa nangkep pangajaran, teu kurang-kurang anu butuh waktu rada lila, kakara maněhna ngarti.
"Ulah maněh ulah mulang, mending balik deui ka pondok. Hěg diajar leuwih rajin." saurna deui.
Tapi maněhna keukeuh měnta diidinan mulang. Basana, ti batan miceunan waktu di pasantrěn, mending sagawě-gawě di lembur. Diajar něangan pangupa jiwa.
Ku sabab niatna geus pageuh, ahirna Ajengan teu tiasa naon-naon.
"Rěk iraha maněh mulang, apan ayeuna mah geus burit ?"
"Badě ěnjing saatosna solat Subuh," cenah, teu poho měnta didu'akeun.
Isukna, rebun-rebun pisan maněhna ninggalkeun pasantrěn. Ti pasantrěn ka lemburna těh, lilana kira-kira sapoě. Sajaba ti ěta kudu ngaliwatan leuweung, ngurilingan pasir, sarta turun ngaraas walungan. Tengah poě kakara meunang satengahna. Hartina sapoě deui, kakara nepi ka lemburna.
Lantaran ngarasa capě, Ki Santri eureun heula niat reureuh. Gěk diuk handapeun tangkal kai. Kaayaan di sakurilingeunana kacida tiiseunana. Nu kaděngě teh ukur sora angin nebak tatangkalan, paselang jeung cluk-clakna cikaracak. Tapi, ku sabab capě, guher maněhna sarě tibra pisan.
Hudang-hudang beuteungna ngarasa lapar. Rět ka luhur, panonpoě mimiti děngděk ngulon. Kop kana bekel bawana. Rěngsě dahar tuluy beberesih, nginum sakalian wudu tina solokan leutik, teu jauh ti tempat maněhna reureuh. Běrěs wudu solat Lohor, luhureun batu lěmpar.
Tah, waktu maněhna solat, sora cai nyakclak kaděngěna beuki jelas. Clak ..... clak..... clak........, cenah, siga meunang ngatur. Měh baě solatna batal.
Tutas solat, panasaran hayang nyaho asalna sora. Sabada ditěangan, brěh .... katěnjo, cai tina sela-sela batu, ngarayap mapay aakaran, měměh ragrag ninggang batu lěmpar.
Ieu geuning asal datangna sora těh, gerentesna. Ngan ědas mani siga beunang ngatur. Sora ragragna ngalagu, sarta angger wirahmana. Persis sora tik-tikna jarum jam. Kalakuan cai ku maněhna terus diperhatikeun. Ti mimiti barijil tina sela-sela batu, tuluy mapay aakaran, nepi ka tingkareclak ragrag kana batu těa.
Ana diteges-diteges, geuning batu anu kacakclakan cai těh, nepi ka legokna. Hěg ku maněhna dipikiran, batu sakitu teuasna bisa legok ukur karargragan cikaracak. Pasti lain waktu sakeudeung-sakeudeung. Bisa jadi mangpuluh-puluh taun.
Heueuh, ari leukeun jeung sabar mah, cai nu ukur sakeclak-sakeclak, bisa ngalegokan batu nu sakitu teuasna. Naha ari aing, tungtungna inget kana kalakuan sorangan. Pědah diajar ngaji teu bisa-bisa, gancang ngarasa ělěh. Nepi ka milih balik ka lembur, ti batan diajar leuwih soson-soson.
Harita kěněh manehna ngagidig, seja balik deui ka pasantrěn. Jero hatěna jangji rěk leuwih rajin diajar. Cenah ěta boga uteuk kacida beletna, rěk nurutan laku cai. teu bisa sataun, dua taun. Dua taun teu bisa kěněh, matak naon tilu taun. Sugan ari leukeun jeung sabar mah, laun-laun kataěkan.
Kajurung ku sumanget rěk diajar leuwih getol, leumpangna satengah lumpat. Atuh měměh Magrib těh geus datang deui ka pasantrěn. Rasa isin, duměh geus amitan balik deui, buru-buru disingkirkeun.
"Aěh, geuning ilaing !" Ajengan kagět nenjo santrina balik deui.
"Leres, abdi Ajengan," cenah.
Měměh Ajengan naros papanjangan, leuwih ti heula maněhna ngadadarkeun lalakonna. Nyaěta manggihan cikaracak, ragrag nyakclak ninggang batu, nepi ka ěta batu jadi legok.
"Piraku abdi, manusa, kudu ělěh ku cai," cenah ka Ajengan.
Ku sabab diajarna enya-enya, sakitu taun ti harita, masantrěnna teu burung tamat. Kabějakeun ěta santri belet těh, nepi ka boga pasantrěn gedě, sarta sohor ajengan luhung ělmuna.


nalar = apal, ngalisankeun henteu dibaca. lěmpar = dampar,
teu menyat-menyat = teu maju-maju, euweuh kamajuan rubak jeung rata
seja = niat arěk sabada = sanggeus
ngawurukan = mapatahan wirahmana = nada sorana
pondok = kamar, tempat cicing para santri diteges-teges = ditempoan nepi ka
pangupa jiwa = pangasilan jelas, diperhati -
keun
rebun-rebun = subuh-subuh leukeun = henteu bosenan
ngaraas = Leumpang meuntas walungan ngeureuyeuh
reureuh = istirahat soson-soson = enya-enya, saregep
cikaracak = cai nu nyakclakan tina sela-sela batu. rajin
ngadadarkeun = nerangkeun, nyaritakeun kajurung = kadorong
luhung = luhur.


B. Mikaharti Eusi Dongěng

Sangkan paham kana eusi dongěng, pěk jawab pananya ieu dihandap.

1. Naon sababna Ki Santri mindeng jadi pamoyokan batur-baturna ?
2. Cik gambarkeun kumaha bodona Ki Santri těh !
3. Naon maksudna pangna Ki Santri nepungan Ajengan ?
4. Gambarkeun kumaha jauhna imah Ki Santri !
5. Naon ari cikaracak těh ? Dimana hidep kungsi nenjo ?
6. Kumaha sikep Ajengan, barang ngadangu santrina rěk mulang ?
Heg turutan pok-pokanana !
7. Kumaha kaayaan di sakurilingeunana, waktu Ki Santri reureuh ?
Ngaděngě naon waě maněhna těh ?
8. Persis sora naon cenah, nyakclakna cikaracak těh ?
9. Tulus henteu Ki Santri mulang ka lemburna ? Naon sababna cenah ?
10. Naon pieunteungeun dongěng "Santri Bodo" těh ?
Cik sebutkeun dongěng naon waě nu hidep apal !


C. Ngahartikeun Jeung Nyusun Kalimah

Těangan hartina dina kamus, tuluy larapkeun kana kalimah kecap ieu dihandap ! Ilikan contona dina bacaan !

1. Santri = ______________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________

2. Ajengan = ______________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________

3. Cikaracak = ______________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________

4. Dongěng = ______________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________

5. Mindeng = ______________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________

6. Belet = ______________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________

7. Liwet = ______________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________

8. Ngidinan = ______________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________

9. Burit = ______________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________

10. Subuh = ______________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________

11. Jul-jol = ______________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________

12. Pohara = ______________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________

13. Ngawurukan = ______________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________

14. Babari = ______________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________

15. Tepung = ______________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________

16. Era = ______________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________

17. Keukeuh = ______________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________

18. Kitab = ______________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________

19. Pisan = ______________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________

20. Leukeun = ______________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________
____________________________________________________________________________________


D. Maluruh Lafal, Lentong, Jeung Tagog Ngadongěng

Sabada ngabandungan nu ngadongěng, urang paluruh lafal, lentong jeung tagogna nu ngadongěng těh.
Lafalna běntěs tur merenah layu jeung aturan-aturan sora basa (fonětik), di antarana bisa ngalafalkeun vokal ě, e jeung eu, saperti dina ngucapkeun kecap beletna, masantrěn, tinggaleun, kabějakeun, mending, rebun-rebun, capě, kaděngě, diteges-teges, sakeclak-sakeclak, sarta leres. Tah, urang ge lamun keur cacarita atawa ngadongěng kudu běntěs ngalafalkeunana, utamana dina ngalafalkeun vokal has basa Sunda.
Nu ngadongěng lentongna ge geus merenah, dimana kudu turun jeung iraha lentongna naěk. Dina aturan lentongna turun atawa datar, biasana ěta kalimah těh ditandaan ku tanda titik (.). Sabalikna mun lentongna naěk ěta kalimah těh ditandaan ku tanda tanya ( ? ) atawa tanda panyeluk ( ! )
Kalimah nu ditungtungan ku tanda titik atawa lentongna turun biasana kagolong kana kalimah wawaran. Ari kalimah nu ditungtungan ku tanda tanya ( ? ) atawa lentongna naěk disebutna kalimah pananya. Kalimah nu ditungtungan ku tanda panyeluk ( ! ) atawa lentongna naěk disebut kalimat parěntah.
Kitu deui dina ngucapkeun kalimah langsung, lentongna běda jeung kalimah teu langsung, saperti dina kalimah ieu :

Kalimah Langsung : "Badě ěnjing saatosna solat Subuh," cenah. teu poho měnta didua'keun
Kalimah teu langsung : Santri nyarita, yěn maněhna rěk balik sarěngsěna solat Subuh.


Ê. Baca heg sing bener lentongna, nya kitu deui lafalna, utamana kecap-kecap nu
ngandung vokal ě, e jeung eu !

1. Leuleus jeujeur liat tali.
2. Ajengan teh kacida bageurna.
3. Cik, pangliwetkeun euy !
4. Inditna rebun-rebun kěněh.
5. Dasar jelema belet, mani euweuh kabecus !
6. Deungeunna beuleum peuteuy jeung asin sepat.
7. Enya maněhna mah sok ceceremed.
8. Rěk kamana poě sakieu panasna ?
9. Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut.
10. Meunang kuring sarě didieu ?

F. Perhatikeun kecap nu dicondongkeun !
Upama salah nulisna heg benerkeun !

1. Kabekina lepet.
2. Urang lalajo maěnbal, yu !
3. Ih, mani keukeuh
4. Ibu masak tumis kentang
5. Těh Ineu lancek kuring
6. Geur surak mani ramě
7. Enjing abdi badě ka dieu dei.
8. Pais lauk emas
9. Budak teneng gedě kawani
10. Hayang dahar kějo ketan


G. Ngadongěngkeun deui "Dongěng Santri Bodo"

Sabada apal kana eusi dongěng, pěk ku hidep caritakeun deui ěta dongěng těh ! Kadě ulah poho lafalna kudu běntěs, lentongna merenah, mimikna teu monoton, jeung gerak-gerikna saluyu jeung watek ěta dongěng.




-----mmd-----






PANGAJARAN KATILU

Pangajaran
Katilu


Pěk baca ieu sajak di handap, sing alus macana !

SI ÊMÊH


Si Êměh anak Mang Karta geus tilu taun hirup di Jakarta.
Diajak lanceukna Si Una nu digawě di pabrik sepěda.
Mekel ijazah Tsanawiyah kelas dua
Kungsi aprak-aprakan ngurilingan kota
Ngudag-ngudag běja majar di pabrik anu aya lowongan kerja
Ngan unggal didatangan unggal nyamos geus teu narima
Kabeneran manggih milik ditulungan tatanggana
Deukeut imah tempat pangontrakanana

Si Êměh meunang gawě jadi babu
Gajihna lumayan sabulan lima ratus rebu
Ditambah saminggu sakali ngiring dunungan
Jalan-jalan ka Mall atawa ngadon dahar di rěstoran

Munggaran mulang lebaran dua taun ka tukang
Mokaha angkaribung rěbo ku babawaan
Olěh-olěh kuěh kalěng apel Malang jeung pakěan
Bagikeuneun ka kolot jeung duduluran
Basa aya nu nanya naha dadaěkanan jadi babu
Si Êměh gasik ngajawab, "Guě mah babu Měntěng tau !"

Ti harita babu Měntěng jadi bahan kacapangan
Babu Měntěng lain babu sambarangan
Gajihna satengah juta sabulan
Saminggu sakali ngiring dunungan
Jalan-jalan ka Mall atawa ngadon dahar di rěstoran

Lebaran taun itu Babu Měntěng ngersakeun deui mulih
Ning ambuing sagala rupana parantos robih

Asa lain Si Êměh anak Mang Karta urang Sidamulih
Dalah indungna Bi Ocih lila kalinglap kabedil langit
Něnjo dangdanan anakna ningkah kabina-bina
Sugan těa mah enon-enon geulis urang mana

Êměh Babu Měntěng lain babu sambarangan
Ku sabab gawěna alus dipikanyaah ku dunungan
Gajihna naěk ngageděan
Tilu parapat juta pěrak sabulan
Basa mulang kamari těa ngahaja ondang-ondang
Ngumpulkeun tatangga jeung duduluran
Ngabějaan maněhna geus ganti ngaran
Lain Êměh tapi Êmy, cenah omat-omatan

Lebaran deui, usum mudik deui
Teu kalangkung si Babu Měntěng Něng Êmy
Ayeuna mah sagala rupana blěg sělěbriti
Rambut pondok potongan lalaki
Dicět beureum campur koněng warna-warni
Irungna ditindik hěg digantungan ali
Kaos kutung ngagantung bujalna ka mana-mendi
Calana sontog potongan jěngki
Cas-cis-cus sasauran basa Batawi
Da ěta cenah kana basa Sunda parantos lali

Watir ngabandungan Bi Ocih jeung Mang Karta
Lantaran si Êměh...... aěh Něng Êmy teu tiasa sasauran basa Sunda
Sabalikna maněhna teu bisa ngomong cara urang Jakarta
Teu apal naon hartina "elu" atawa "gua"
Tungtungna siga jelema eupeu nyarita jeung anak loba pepeta
Kitu-kitu Bi Ocih jeung Mang Karta bagja kabina-bina
Ladang digawě Něng Êmy aya těnjoeunana
Bajuna aralus duitna loba
Bisa mangmeulikeun radio jeung televisi sagala
Ngělěhkeun Si Una lanceukna těa

Babu Měntěng lain babu sambarangan
Sakali mangsa aya lalaki datang hayang wawanohan
Ku Něng Êmy diaku malah gancang disuguhan
Dipairan cai sarta dipangnaheurkeun indomie
Puguhing beuleum hui reujeung roti bawa maněhna ti Batawi
Barang asak song disuguhkeun ka si lalaki nu keur anděkak
Saur Něng Êmy, "Silakan dimakan nanti emih nyah keburu bengkak"


majar = sedih ondang-ondang = nitah datang
nyamos = teu hasil, gagal ngangkir jelema
babu = lanjang, bujang omat-omatan = meupeujeuhan
munggaran = mimiti kadě-kaděan
angkaribung rebo = loba babawaanana bleg = persis, sarua
gasik = gancang ditindik = ditojos, diliangan
kacapangan = bahan obrolan kutung = pondok, torad
sambarangan = biasa buntung
ning ambuing = tapi ampun sontog = nengah bitis
kabedil langit = teu kabade watir = karunya
ningkah kabina-bina = loba ceta pisan, robah eupeu = teu bisa nyarita,
pisan kalakuanana pireu
enon-enon = turunan bulě, indo wawanohan = wawawuhan
puguhing = puguh deui, geus puguh, geus karuhan.


A. Maham Eusi Sajak
Paluruh jawabanan dina sajak Si Eměh di luhur !

1. Anak saha Si Êměh těh ?
2. Diajak ku saha maněhna ka Jakarta ?
4. Jadi naon cenah ?
5. Naon unggulna Si Êměh jeung babu-babu sějěnna ?
6. Mawa naon baě waktu balik lebaran dua taun katukang ?
7. Naon sababna pangna babu Měntěng dianggap lain babu sambarangan ?
8. Saha nu apal, kasohor naonna daěrah Měntěng di Jakarta ?
9. Kira-kira naon sababna, pangna Si Êměh ganti ngaran jadi Êmy ?
10. Indungna kalinglap nenjo Si Êměh. Ku naon pangna kalinglap ?
11. Enya kitu Si Êměh geus teu bisaeun basa Sunda ?
12. Sebutkeun alesanana !
13. Sabaraha pada sajak nu tadi dibaca ku hidep těh ?
14. Nyaritakeun naon sabenerna sajak nu tadi těh ?
15. Upami judulna kudu diganti, kira-kira naon nu merenah nya ?


B. Nyawalakeun Eusi Sajak
Sawalakeun jeung babaturan hidep !

1. Cing sebutkeun di antara babaturan hidep nu alus maca sajakna ?
2. Koměntaran ku hidep salasaurang babaturan nu maca sajak !
a. Mun alus, palebah mana alusna ?
b. Mun kurang, palebah mana kurangna ?
3. Kudu kumaha ari těhnik maca sajak nu alus těh ?
4. Caritakeun ku hidep ka babaturan ěta eusi sajak Si Êměh ku basa hidep sorangan ?
5. Jelaskeun kumaha koměntar hidep kana kalakuan Nyi Êměh !


C. Maluruh Sajak

Lalaki di Tegal Pati beunang Sayudi mangrupa kumpulan sajak munggaran turta gedě hartina pikeun dunya kasusastraan Sunda. Mimiti terbit taun 1963 ku Penerbit Kiwari, Bandung. Cetakan kaduana taun 1985 ku Penerbit Rahmat Cijulang, Bandung. Eusi sajak-sajakna ngagambarkeun kateuneung-kaludeung satria Sunda nu tutumpuran ngaběla ajěn diri jeung kahormatanana.

Baca ku hidep hiji sajak Sunda sějěnna, tuluy baca di hareupeun kelas, jeung jelaskeun nyaritakeun naon eusina !

Judul Sajak :
_______________________________________________

Pangarang
_______________________________________________

Ungkara Sajak
_______________________________________________
_______________________________________________
_______________________________________________
_______________________________________________
_______________________________________________
_______________________________________________

Eusi Sajak
_______________________________________________
_______________________________________________
_______________________________________________
_______________________________________________
_______________________________________________
D. Latihan

a. Larapkeun kana kalimah gigireunana !

1. _______________, rěk datang, tapi didago-dago teu embol-embol a. angkaribung
2. Geus běak děngkak kuring usaha těh, tapi nepi ka kiwari ______ waě b. gasik
3. Geus jarang kiwari mah nu nyebut ___________, tapi pembantu c. kacapangan
4. Basa ________ datang ka dieu mah, maněhna těh hirupna sangsara d. sambarangan
pisan.
5. Balikna ________ ku olěh-olěh bawa ti kota. e. ning ambuing
6. Si Êměh _________ ngajawab : "Guě mah babu Měntěng tau !" f. blěg
7. Saha nu teu apal ka Nyi Êměh, Babu Měntěng těa geus jadi _______ g. ditindik
sarěrěa.
8. Babu Měntěng lain babu ___________, sagala bisa jeung gajihna mang h. kutung
yuta-yuta.
9. ____________ ěta jalma lěgěgna alahbatan sělěbritis. i. sontog
10. Dangdanan Si Êměh matak ____________ indungna. j. watir
11. Teu sangka ari geus jadi urang kota mah, Si Êměh těh mani ______ k. wawanohan
12. Buukna dicět beureum jeung koněng, ngarah katingali siga _______ l. puguhing
13. Nyi Êměh ngahaja ____________rěk ngumumkeun ganti ngaran. m. majar
14. Maněhna ___________ pisan ka kuring, sangkan datang poě isuk. n. nyamos
15. Běda jeung baheula, ayeuna mah kalakuan maněhna těh _________ o. babu
wě běntang pilem.
16. Jaman kiwari mah boh awěwě boh lalaki, irungna ________ tuluy di p. munggaran
gantungan ali.
17. Ngahaja maněhna mah makě kaos _______ těh, ngarah katěmbong q. kalinglap kabedil
bujal. langit
18. Calana ____________ngaranna, ari ngan semet tuur mah r. ningkah kabina-bi
na.
19. Kuring mah ________ nempo kuda dipecutan ku kusir těh. s. enon-enon
20. Aya lalaki hayang __________ jeung Si Êměh. t. ondang-ondang
21. Sagala kadaharan gě nyampak, ___________, kuěh bawa maněhna u. omat-omatan
ti Jakarta.

b. Baca, jeung paluruh bener henteu larapna !

1. Teu majar lima rěbu sakilo mah B - S
2. Majar maněh rěk ka Jakarta B - S
3. Padahal eupanna alus, tapi nguseup těh angger baě nyamos B - S
4. Rěk nyamos rěk henteu, nu penting usaha ! B - S
5. Loba urang Indonesia nu jadi babu di Arab. B - S
6. Jadi babu tapi digawěna di hotěl B - S
7. Rěk munggaran datang, sial dokterna euweuh. B - S
8. Keur mah munggaran datang, sial dokterna euweuh. B - S
9. Majar Si Êměh jadi babu, jadi kacapangan urang lembur. B - S
10. Tong loba teuing kacapangan, bisi nepi ka jelemana. B - S
11. Euleuh mani kalinglap, sugan těh lain Si Êměh. B - S
12. Ulah kalinglap, bisi pajar balaga. B - S
13. Awakna blěg sagedě gajah. B - S
14. Awakna blěg baě gajah. B - S
15. Ku naon siga nu eupeu, leumpangna cingked. B - S
16. Pepeta těh lain eupeu, keur diajar pantomim B - S
17. Inditna rěbo, naha ari balikna lěngoh. B - S
18. Datang Rebo isuk-isuk, bareng jeung anakna. B - S
19. Daharna gasik jaba gembul těh. B - S
20 Maněhna gasik indit, lantaran sieun kahujanan. B - S


c. Larapkeun kana kalimah gigireunana.

punjul 1. Lamun daharna nambah sok disebut ...................
lapur 2. Sirah těh karasa nyud-nyudan lamun...................
basajan 3. Maněhna mah jalma jago, ku sasaha ogě .................
rebun-rebun 4. Kudu dipikir heula rěk migawe hiji perkara těh ulah ..............
mindo 5. Jalma nu nyaritana teu jeung itungan disebut..............
adigung 6. Tong dipikiran, barang nu leungit mah anggap ...............
kokotětěngan 7. Jalma nu pang ...........salembur ěta mah.
dipanggul 8. Mani molělěl kieu dahareun těh bakat ku ...............
dipikasieun 9. Pantes pada mikangěwa ogě da maněhna mah ---------------
kahontal 10. Lantaran kaburu ditinggalkeun maot ku kolotna, atuh cita-citana
teu ................
suaban 11. Geuning aya sapatu těh, dimana kapanggihna ? Hanas ............
lieur 12. Urang ulah jor-jorn kitu hirup těh, meungpeung ngora kěněh diajar ...
pangsět 13. Jalmana pinter tuda, matak angka rapotna gě leuwih .........
jugala 14. Rěk ka mana ............... geus tuturubun.
15. Sanggeus dibeungkeut mah, suluh těh tuluy ..................









PANGAJARAN KADUA

Pangajaran
Kadua


SURAT KEUR SOBAT


Surat sok dijadikeun alat komunikasi ku unggal jalma. Hidep kungsi nulis surat ? Saměměh diajar nulis surat pěk baca ieu conto ku hidep !


Keur Ki Sobat
Uhay Endang Kosasih
Di
Cijulang


Salam sono,

Hay, kumaha cageur ? Babaturan sarěhat deuih ? Nuhun ari sarěrěa calageur mah. Kabeneran kuring ogě di dayeuh, dina kaayaan cageur. Saterusna kuring rěk měnta dihampura, lantaran kakara ayeuna ngirim surat. Padahal apan jangjina mah, asal geus meunang sakola, rěk langsung nyuratan. Orokaya teuing ku naon, unggal rěk trět, unggal asa horěam waě.
Riweuh nyanghareupan pangajaran henteu. Poho duměh geus jadi urang kota kitu ? Asa teu pisan-pisan. Utamana ka ěntě. Kawantu ti SD mula, terus nepi ka kelas tilu SMP, sakelas jeung sabangku.
Balik ti sakola, bareng ngangon domba. Unggal maěnbal teu welěh jadi balad. Aěh, kumaha sok lalatihan kěněh ? Hěg sing beuki rajin. Peupeuriheun kuring, lain teu hayang, ngan di mana teuing tempatna. Piraku di jalan mah.
Sing lebar kana anlěh ěntě mah. Kuring yakin, mun terus rajin latihan, hiji mangsa bakal jadi pamaěn alus. Turug-turug boga awak pijangkung-badageun. Sugan waě euy jadi gaganti Robby Darwis. Amin !
Geus opat bulan leuwih meureun, urang těh papisah. Hayang geura-geura perě seměstěr. Sugan diidinan ku Ema, rěk ngadon perě di lembur. Bapa mah pasti ngidinan, asal jangji moal badeur. Ngan Ema, siga nu melang waě, abong ka anak tunggal.
Jadina mah kuring těh sakola di SMK I Angkasa, jauh ogě mun kana angkot mah, bisa tepi ka sajam. Sakolana deukeut Lapang Udara Sulaeman, di wewengkon Margahayu, keur anyaran mah, asa rěk běak umur di jalan. Tapi, lila-lila mah jadi biasa. Turug-turug ku Bapa dipangmeulikeun motor. Jadi ka sakola těh kana motor. Lumayan ukur saparapat jam.
Sanajan di sisi sakolana alus. Pabuaranana lega. Aya lapang baskět sagala. Tumaninah dipakě futsal těh. Keur usum futsal di Bandung mah. Lumayan ladang latihan di lembur těh, aya těnjoeun batur. Malah kungsi kapilih jadi pamaěn inti sa-SMK. Hanjakal waktu milu turnaměn, ukur bisa nepi ka parapat final.
Leuh, cacak aya ěntě jeung Si Haěr, asa kudu jadi juara. Komo ditambah si Uus. ěntě ngeběkan, Si Haěr galandang, Si Uus ngiperan, kuring saperti biasa jadi salěnter. Najan teu jadi juara, tapi ka kuring loba nu muji. Malah aya nyangka anggota Tim Haornas. Ngan kuring deuih, hiji-hijina murid kelas hiji anu kapilih. Nu sějěn mah, kaběh murid kelas tilu.
Gara-gara kabawa tim futsal sakola, jadi beuki loba kawawuhan. Ngaran rada kawentar deuih ( heuy deuh....! ). Tětěla lebah maěnbal mah, urang kota těh ělěh ku urang lembur. Buktina tina dua welas urang anggota tim, rěrěana ti pasisian. Malah aya urang Cililin jeung Rancaěkěk.
Cililin těh kiduleun Kota Bandung, jauhna kira-kira salawě kilo. Sedengkeun Rancaěkěk, ayana saměměh Bandung. Jauhna kira-kira sarua jeung ka Cililin. Pědah jajalaneun ti Banjar ka Bandung-keun.
Aya deui euy, onjoyna urang lembur těh, nya ěta dina pangajaran basa Sunda.Sarua lin, di SMA Cijulang ogě, mimiti diajarkeun basa Sunda. Loba kekecapan basa Sunda nu ku maraněhna teu dipikaharti. Padahal cěk kuring mah, masih kěněh basa sapopoě. Contona mumuluk, lalawuh atawa beunyeur. Rěa babaturan sakelas nu teu terangeun.
Puguhing kudu nyarita, mani ripuh, basa Sunda pacampur jeung Malayu. Ana ditaros ku Guru, nyarita ku basa Sunda mah hěsě, cenah. Puguh waě keur urang-urang mah aněh. Naha hěsě mana jeung nyarita ku basa Inggris atawa Arab ? Ku sabab teu tuman těa meureun, nya ?
Ari urang mah apan hěsě hayang lancar nyarita ku basa Indoněsia těh.
Lantaran asal ti lembur, mindeng jadi tempat pananyaan. Nya kitu deui Bapa Guru Basa Sunda, sakalieun aya patarosan nu teu kajawab ku babaturan, tara ka saha deui. Ngan hanjakal nya, basa Sunda mah teu diujiankeun.
Bapa usahana tambah maju. Jadi teu salah meuli kios jeung pindah usaha ka Bandung těh. Da ěta baě kalapa dua treuk těh, tabuh salapan isuk-isuk, tara nyěsa pisan. Kawantu kalapa ti lembur sorangan, jadi moal ělěh harga. Ngan kuring kudu jadi urang kota. Ninggalkeun lembur, pajauh jeung babaturan. Tapi ari lalajo wayang jeung maěnbal mah, mindeng kěněh manggih di Bandung.
Lalajo wayang dua minggu sakali di Gedong YPK Jalan Naripan. Atuh maěnbal tinggal datang ka Stadion Si Jalak Harupat, ngabobotohan Pěrsikab, atawa ka Stadion Siliwangi mun hayang ngabobotohan Pěrsib.
Iraha rěk ka Bandung, kě ku kuring diajak lalajo wayang jeung Pěrsikab atawa Pěrsib.
Sakieu waě heula surat ti kuring. Sakali deui hampura, kakara bisa nyuratan ayeuna. Salam ka sobat-sobat sějěnna. Ulah poho deuih gancang balesan

Bandung, 30 Agustus 2007
Kuring no sono,



Mohammad Ikhsan Shidieqqy


orokaya = ngan bae, tapi, hanjakal wewengkon = daěrah
riweuh = paciweuh, loba kagiatan pabuaranana = buruanana
mula = kěněh tumaninah = laluasa
teu welěh = tetep, angger cacak = lamun seug
anlěh = bakat, kabisa kawentar = sohor
ngadon = niat salawě = dua puluh lima
melang = hariwang onjoyna = unggulna
mumuluk = sasarap lalawuh = dahareun
beunyeur = bubuk beas teu tuman = tara biasa
sakalieun = lamun kabeneran ngabobotohan = mere sumanget


A. Maham Eusi Surat

1. Surat ti saha jeung keur ka saha, nu bieu dibaca ku hidep těh ?
2. Naon sababna nu ngirim surat měnta dihampura ka nu dikirim surat ?
3. Naha bener nu ngirim surat jeung nu dikirim surat těh sosobatan dalit pisan ?
4. Gambarkeun deuih ku hidep, yěn Si Uhay Endang Kosasih pinter maěnbal !
5. Cik gambarkeun ku hidep, sosobatan antara maraněhna !
6. Ari nu ngirim surat, pinter maěnbal atawa henteu ? Terangkeun alesanana !
7. Di mana sakolana nu ngirim surat těh ?
8. Ari tempatna di daěrah mana ?
9. Cik gambarkeun kaayaan sakolana ?
10. Naon unggulna urang lembur dibandingkeun jeung urang kota ?
11. Kumaha pamanggih hidep ?
12. Di mana cenah tempat lalajo wayang těh ?
13. Ari hidep resep lalajo wayang henteu ? Naon alesanana ?


B. Nulis Surat.

Geura ilikan pituduhna ieu di handap !
1. Ka saha ngirimna ?
a. Ka indung atawa bapa urang ?
b. Ka guru ?
c. Ka dulur ( lanceuk, adi ) ?
d. Ka babaturan ?
e. Ka kabogoh ?
2. Rek nyaritakeun naon ?
3. Kadě poho nyatetkeun tempat jeung tanggal ditulisna surat.
4. Kitu deui, perhatikeun ějahan jeung tanda bacana.
5. Ragam basa naon nu dipakě ( loma atawa hormat ) ?
6. Tukeurkeun surat beunang nulis hidep ka babaturan sabangku, tuluy sina dikorěksi.
Pěnta saran jeung koměntarna.


C. Ngaropěa Basa Surat

Surat ti Mohammad Ikhsan Shidieqqy ka Uhay Endang Kosasih těh ngagunakeun basa Sunda ragam loma. Cing robah kana ragam hormat.

1. Sanajan di sisi sakolana alus. Pabuaranana lega. Aya lapang baskět sagala. Tumaninah dipakě futsal těh. Keur usum futsal di Bandung mah. Lumayan ladang latihan di lembur těh, aya těnjoeun batur. Malah kungsi kapilih jadi pamaěn inti sa-SMK. Hanjakal waktu milu turnaměn, ukur bisa nepi ka parapat final.
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

2. Leuh, cacak aya ěntě jeung Si Haěr, asa kudu jadi juara. Komo ditambah si Uus. ěntě ngeběkan, Si Haěr galandang, Si Uus ngiperan, kuring saperti biasa jadi salěnter. Najan teu jadi juara, tapi ka kuring loba nu muji. Malah aya nyangka anggota Tim Haornas. Ngan kuring deuih, hiji-hijina murid kelas hiji anu kapilih. Nu sějěn mah, kaběh murid kelas tilu.
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
D. Latihan

a. Baca sing bedas ! Mana nu teu bener larapna ?

1. Lain teu hayang milu, orokaya keur teu boga duit. B - S
2. Maněhna keur riweuh, sabab kudu ngurus sapi jeung munding B - S
3. Ti keur leutik mula, geus katěmbong pigeuliseunana B - S
4. Kuring mah ka maněhna těh teu welěh resep B - S
5. Boga anlěh těh hěg mangpaatkeun, sugan waě jadi jalan hirup. B - S
6. Rěk ngadon sarě mah, mending di imah sorangan B - S
7. Hayang mangmeulikeun motor, ngan melang bisi tabrakan B - S
8. Di wewengkon Banten, rěa kěněh jelema sakti B - S
9. Henteu kawas di lembur, di kota mah hese neangan pabuaran B - S
10. Kamarna galedě, tumaninah rěk dieusian ku tiluan gě B - S

b. Larapkeun ieu kecap kana kalimah gigireunana !

a. Ngadon 1. _____________ unggal rěk trět nyieun surat, sok horěam waě.
b. Melang 2. Sabab minggu hareup rěk nyunatan. Mang Karta mimiti ______________
nyadiakeun rupa-rupa kaperluan.
c. Wewengkon 3. Ti SD ______________Dadang jeung Hěrlan geus sosobatan.
d. Orokaya 4. Sanajan imahna jauh ogě, maněhna ___________ ngalongokan kolotna
e. Riweuh 5. Teu kaběh urang Brasil, boga _____________ maěnbal.
f. Mula 6. Seměstěe engkě kuring rěk ____________ istirahat ka lembur.
g. Teu welěh 7. Abong indung, teu welěh ___________ ari anak indit ampleng-amplengan
teh.
h. Pabuaranana 8. SMK I Angkasa mah aya di __________________ Margahayu
i. Tumaninah 9. Sakola těh ______________ lega pisan.
j. Cacak 10 Ku sabab lapangan těh lega jeung alus, atuh ________ nu maraěnbal ge
k. Kawentar 11. Leuh, _______________ maněh miluan, pasti juara kahiji.
l. Anlěh 12. Gara-gara maěnbal ngaran kuring jadi _______________

c. Eusian ieu kalimah ku kecap-kecap dina jero kurung !

1. Urang lembur těh rěa _______, di antarana bitisna tareuas (onjoyna,onjoykeun, dionjoykeun)
2. Dasar peujit korěseun tabuh lima subuh geus __________ (mumuluk, samuluk, muluk-muluk)
3. Tuh, di nu hajat geura, loba __________ mah. (lalawuh, kalawuhan, dilalawuhan)
4. Ari keur usum paceklik, ngadahar sangu ______ jadi (beunyeur, kabeunyeuran, beunyeuran)
5. Kuring mah da ________ dahar roti, sok nyeri beuteung (teu tuman, ditumanan, geus tuman)
6. _________ kuring butuh duit, nginjeum těh sok ka maněhna (sakalieun, sakali, sakalikeun)
7. Sarěrěa wajib ________ Pěrsib, supaya jadi juara (ngabobotohan, dibobotohan, bobotohan)





-----mmd-----







PANGAJARAN KAHIJI

Pangajaran
Kahiji


Baca ieu wacana kalawan bedas, sing merenah lentong kalimahna.

CADAS PANGÊRAN


Ti jaman baheula kěněh, antara Sumedang-Bandung, geus aya jalan, ngan harita mah lain jalan gedě cara ayeuna. Ulah mobil, dalah kahar ogě can tangtu bisa ngaliwat. Rajeun aya tutumpakan ukur kuda atawa tandu. Waktu Gubernur Jěndral Daěndels muka jalan pos ti Anyěr ka Banyuwangi. Kaayaan Cadas Pangěran harita masih kěněh mangrupa gunung batu nu kacida teuasna. Tapi, Daěndels tetep marěntahkeun kudu dibobok, supaya bisa diliwatan kandaraan.
Nampi parěntah ti Gubernur Jěndral, Kanjeng Pangěran Kusuma Dinata, kapaksa miwarang rayat Sumedang. Dina waktuna rayat daratang ti mana-mendi, marekel pakakas sabogana-sabogana. Kawantu nu kudu dibobok těh cadas nu sakitu teuasna, hasilna těh henteu sabaraha. Katambah-tambah tempatna hara-haraeun, tungtungna loba nu maot kalaparan.
Kocap hiji poě Kanjeng Pangěran, diiringkeun ku Patih Raděn Demang Mangku Praja, seja nampi pamariosan Gubernur Jěndral Daěndels atawa anu sok disebut ogě Jěndral Guntur. Taběatna Jěndral Guntur, babari haok porongos. Matak pada nelah Mas Galak, tina kecap marsekalek, basa Walanda. Barang jebul, beungeutna langsung merengut. Cacak kulitna bodas, katembong semu geuneuk, tandaning ambek pohara.
Kana kabiasaan haok porongos Jěndral Guntur, kantenan Kangjeng Pangěran uninga. Ku kituna ti anggalna kěněh, anjeunna parantos taki-taki. Emutanana, ku sabab lalakon ngabobok gunung cadas henteu aya kamajuan, Si Mas Galak pasti bakal ambekna.
Malah teu mustahil anjeunna bakal jadi korban, dibenduan Tuan Besar. Namung, anjeunna teu ieuh gimir, sareng teu badě nyalahkeun rayat. Margi kauninga, kumaha hěsěna ngadungkaran gunung batu ukur ngandelkeun tanaga jelema, dibantuan pakakas saaya-aya.
Caturkeun Jendral Guntur cunduk ka tempat nu digarawě. Atuh Kangjeng Pangěran gancang ngahormat saperti biasana, manggut bari teras nyaketan. Dasar nu keur ambek, panghormat Kangjeng Pangěran, boro-boro ditarima samistina. Tapi, teu burung ari nyodorkeun leungeun, ngajak sasalaman mah.
Ningali kalakuan Jěndral Guntur kitu, Kangjeng Pangěran ampir-ampiran teu kiat nahan bebendu. Dasar kumpeni, gerentesna, teu boga pisan rasrasan. Naha rayat aing rěk diantep jadi korban, gara-gara nedunan kahayang maraněhna.
Pikeun němbongkeun eusi manahna, barang Jěndral Guntur ngasongkeun leungeun katuhu, ku Kangjeng Pangěran cukup ditampanan ku panangan palih kěnca. Sedeng panangan anu hiji deui, dianggo nyepengan sarangka keris, nu nyelap dina lebah cangkěngna. Ngahaja deuih si keris těh digilirkeun ka běh payun.
Nyaksian kajadian kitu, kaběh nu araya pohara reuwasna. Kaayaan nu tadina ramě těh, jep jempě lir gaang katincak. Sarěrěa teu nyangka Kangjeng Pangěran kagungan peta kitu. Demi Demang Mangku Praja, semet reuwas kabina-bina, inggis panyakit Jěndral Guntur beuki parna. Jelema tukang nganteur amarah, kari-kari sarua jeung ditangtang adu kawani, pasti kana piraměeun. Kumaha lamun Jěndral Guntur, tuluy nitah serdadu Walanda, sina něwak Kangjeng Pangěran sabalad-balad.
Něnjo kalakuan Pangěran Sumedang siga nu ngajak adu wawaněn, Jěndral Guntur langsung molotot. Beuki reuwas sakur nu ngabandungan, lantaran Kangjeng Pangěran males molotot deui. Tungtungna duanana papelong-pelong. Nu hiji nganggap aing kawasa, naha kudu ělěh ku bangsa jajahan, sanajan pangkatna raja. Nu hiji deui, niat ngajaga kahormatan, bakal nyilakakeun diri, risiko bongan jadi pamingpin.
Bisa jadi lantaran kaburu ělěh mamaras, Jěndral Guntur pok miheulaan nanya, "Rěgen, naon maksud anjeun, pangna nampanan sasalaman kuring ku leungeun kěnca ?"
Rěgen těh sesebutan ka dalem. Nya diwaler ku Kangjeng Pangěran, "Kangjeng Tuan, sim kuring reujeung rayat Sumedang, henteu niat mungpang kana parěntah kumpeni. Lain teu hayang geura-geura nganggeuskeun pagawěan. Ngan Kangjeng Tuan kedah terang, kumaha hěsěna ngabobok gunung batu anu sakieu teuasna," bari nyejekkeun sampěan kana cadas. "Ngahaja sim kuring němbongkeun kanyeri hatě, ku sabab pamohalan bakal meunang kaadilan. Běh dituna supaya Kangjeng Tuan uninga, yěn sim kuring kajeun nandang hukuman, ti batan terus-terusan nyaksian rayat dikakaya. Nepi ka poě ieu wungkul, pirang-pirang nu maraot alatan panyakit jeung kalaparan."
Panjang lebar Kangjeng Pangěran sasauran, nepi ka Jěndral Guntur sadar, tětěla kendorna pagawěan těh, lain kurang temen digarawěna. Tapi, lantaran kacida hěsěna. Harita kěněh maněhna ganti marěntahkeun ajudanana, supaya ngadatangkeun tentara batalion zěni, lengkep jeung parabot keur nugaran gunung cadas.
Salila nungguan tentara zěni daratang. Kangjeng Pangěran miwarang rayat digarawě deui, ngan teu kudu maksakeun hayang rěa beubeunangan.
Sanggeus marentah ajudanana, solongkrong deui Jěndral Guntur ngajak sasalaman. Kalayan ěnggal ditampi ku panangan tengen Kangjeng Pangěran. Sakitu taun ti harita, jalan ti Bandung ka Sumedang teu burung anggeus. Sedengkeun ěta tempat, ayeuna katelah Tanjakan Cadas Pangěran. Maksudna keur pangěling-ngěling kana perjoangan Raja Sumedang Kangjeng Pangěran Kusuma Dinata. Sakapeung sok disebat Pangěran Korněl.


kahar = dělman tandu = gotongan korsi
hara-haraeun = jauh ka ditu ka dieu taběatna = sipatna, kalakuanana
haok porongos = ambek kabiasaanana
merengut = baeud taki-taki = siap-siap
gimir = sieun cunduk = datang
samistina = sakuduna, kumaha pantesna nedunan = ngalaksanakeun,
digilirkeun = digěsěrkeun, dipindahkeun yumponan
peta = kalakuan wawaněn = kawani
dikakaya = disangsara mamaras = hatě
mungpang = nolak temen = daria, enya-enya
tengen = katuhu pangěling-ngěling = nginget-nginget


A. Maham Eusi Sajarah/Babad

Paluruh jawabanana dina carita "Cadas Pangěran" di luhur !
1. Saha nu marěntahkeun Cadas Pangěran dibobok ?
2. Saha ari Kangjeng Pangěran Kusuma Dinata ? Miwarang naon anjeunna ka rayat ?
3. Kumaha cenah taběatna Jěndral Guntur ? Naha disebut Mas Galak ?
4. Naon sababna pangna Kangjeng Pangěran wani ngalawan ka Jěndral Kumpeni ?
5. Kumaha carana Kangjeng Pangěran němbongkeun kawanina ? Kumaha sikep Jěndral Guntur ?
6. Kumaha ari sikep Demang Mangku Praja, nyaksian peta Kangjeng Pangěran ka Jěndral Guntur ?
7. Saha ari Demang Mangku Praja těh ?
8. Cik turutan omongan Jěndral Guntur waktu maněhna ngajak sasalaman, heg petakeun Kangjeng Pangěran nu nampanan ku leungeun kěnca !
9. Kumaha ari saur Kangjeng Pangěran ?
10. Marěntahkeun naon Jěndral Guntur ka ajudanana ?

B. Nyawalakeun Eusi Sajarah/Babad

Sawalakeun ku hidep jeung babaturan !
1. Naon anu karasa ku hidep sanggeus hidep maca carita "Cadas Pangěran" di luhur ?
a. Sedih ?
b. Bungah ?
c. Resep ?
d. Keuheul ?
e. Ceuceub ?
2. Naon nu bakal dilakukeun ku hidep, saupama hidep jadi pamingpin sarta nyanghareupan masalah sarupa nu kaalaman ku Kangjeng Pangěran ?
3. Naha carita "Cadas Pangěran" di luhur bet diasupkeun kana golongan dongěng babad atawa sajarah ? Jelaskeun !
4. Kumaha perasaan hidep ngabandungan Kangjeng Pangěran anu boga kawani saperti kitu ?
5. Coba baca ku hidep buku Pangěran Korněl beunang R. Měměd Sastrahadiprawira (1897 - 1932 ), sastrawan Sunda anu kawentar.


C. Maluruh Bacaan Sajarah/Babad Sějěnna

Baca deui carita sajarah/babad anu sějěnna, tuluy tuliskeun rangkumanana.
1. Judul : _________________________________________

2. Rangkuman hasil bacaan : ________________________________
___________________________________________________________

3. Tětělakeun ku hidep, kumaha patalina ěta eusi sajarah atawa babad jeung kahirupan kiwari ?


D. Latihan
a. Larapkeun kana kalimah gigireunana.

a. digilirkeun 1. Supir _________________ disebutna kusir.
b. peta 2. Cadas těh kudu _______ keur pijalaneun.
c. wawaněn 3. Tempatna ________, pantes loba jelema kalaparan.
d. dikakaya 4. Jěndral Guntur teh _______ gěde ambek.
e. mamaras 5. Jelema tukang ______, matak pikasieuneun batur.
f. mungpang 6. Datang-datang jol _______, ambek meureun.
g. temen 7. Kangjeng Pangěran ________ bisi kapiheulaan diserang.
h. tengen 8. Sanajan nyanghareupan Jěndral Kumpeni, Kanjeng Pangěran teu____
i. Pangěling-ngěling 9. Jendral Guntur _________ ka tempat nu digarawě dibarengan ser
j. dělman dadu Walanda
k. dibobok 10. Panghormat Kangjeng Pangěran, henteu ditarima ____.
l. hara-haraeun 11. Rayat jadi korban lantaran _______ kahayang kumpeni.
m. taběatna 12. Kerisna _______ rada ka hareup.
n. haok-porongos 13. Teu sangka Kangjeng Pangěran kagungan _____ kitu.
o. merengut 14. Pangěran Sumedang siga nu ngajak ngadu _________.
p. siap-siap 15. Anjeunna teu rido ningali rayatna __________.
q. gimir 16. Jěndral Guntur kaburu ělěh ___________.
r. cunduk 17. Saha nu wani ________, kana paměnta kumpeni.
s. samistina 18. Digawěna sing ______ pisan, ngarah gancang beubeunanganana.
t. nedunan 19. Enggal ditampi ku panangan palih ___________.
20. Tugu ěta mah pikeun tanda _______ kana jasa-jasana.

b. Baca jeung paluruh bener henteu larapna !
B - S 1. Awakna ragrag kana cadas, nepi ka maotna
B - S 2. Kahar mah majuna ditarik ku kuda
B - S 3. Pamaěn nu cilaka, ditaěkkeun kana tandu.
B - S 4. Kadu těh tuluy dibobok ku bedog.
B - S 5. Di tempat hara-haraeun loba mobil
B - S 6. Nurun ka bapa, taběatna jangkung badag.
B - S 8. Beungeutna merengut, lantaran ujianana teu lulus.
B - S 9. Geura taki-taki, amběh henteu běakeun dahareun.
B - S 10. Dititah kukumbah baě, maněhna siga nu gimir.
B - S 11. Barang cunduk ka Jakarta, langsung něangan tukang sorabi.
B - S 12. Dahar těh kudu samistina, ulah mindeng teuing.

Tengetan ku hidep.
"Kawas gaang katincak. Kaběh ponggawa jempě, bangun nu ngadedempěs." (Syarif Amin, Kembang Patapan, k. 41)
Dina cutatan di luhur aya ungkara kawas gaang katincak. Ungkara nu kitu těh disebutna babasan, hartina jempling teu aya nanaon pisan. Mun urang leumpang ti peuting deukeut sawah, sora gaang sok kaděngě taya pegatna. Tapi lamun urang leumpang ka palebah tempatna, sok jep bae jempě.
Kecap kawas dina ěta babasan těh sakapeung mah sok diganti ku kecap lir atawa cara.


c. Eusian ku salah sahiji paribasa nu aya di beulah katuhueunana !

1. Eta japilusna těh sok guměnak, mending mun aya turun- cara anjing tutung buntut
an, teu uyahan ________, padahal mah pilakadar anak ha
ji rudin (Samsu, Laleur Bodas, k 15).
2. Bari ____________, gancang kuring nyasadukeun polah si asa teu beungeutan
Wawan (Kis Ws, Mirah Dalima, k 138).
3. Nanging kumaha atuh nya lah __________. Punten wě Kang cara jogjog mondok
Haji, cindekna mah eu .... běnten teureuh waěh (Ahmad -
Bakri, Payung Butut k41)
4. Tuh aya manis, mani ______ dalit jadi hiji, lělěpěn lucu - lir hayam disamber heu -
ninggang dina rěma nu sakitu manisna nyaleprět (D.K - lang
Ardiwinata, Baruang ka nu Ngarora, k. 14)
5. __________ asup bijil teu ngeunah cicing, hayang geura - asa heurin ku lětah
nyalukan Nyi Piah (D.K. Ardiwinata, Baruang ka nu Nga
rora, k. 42)
6. Sarěrěea pada boga piomongeun, nepi ka di dapur mah rě kawas kacang ninggang -
cok henteu puguh děngěkeunana asup kana babasan ___ kajang
__________(Margasulaksana Diarah Pati, k. 114)
7. Musatahil aya jelema anu sarimbag pisan, ______________ asa aing uyah kidul
nepi ka teu dipiceun sasieur, ěstuning ceplěs dina sagala
galana (Margasulaksana, Diarah Pati, k. 114)
8. Bapa Kaliwon nyaritana kitu těh ngagalantang __________, Kawas beubeulahan tě -
bangun sieun aya nu nyelang (Moh. Ambri, Ngawadalkeun rong
Nyawa, k. 13)
9. Dina keur nanjung kitu, maotna Haji Sirod Nyi Haji _____, lir nu dipupul bayu
Asa tungkeb bumi alam. Buntu sagala laku (Syarif Amin,
Nyi Haji Saonah, k. 47)
10 Nu sasari kacida gagahna těh, harita mah rampohpoy____ cara gula jeung peueut
__________, rumbah ngadak-ngadak siga cokrom, berebey
cisoca rembes (Ahmad Bakri, Payung Butut, k. 69)



d. Jodokeun ku hidep ku cara narik garis antara babasan jeung hartina anu bener.

1. asa aing uyah kidul a. dua hal anu ngahiji susah dipisahkeunana, boh soal hubungan
antara manusa (sosobatan upamana) boh soal barang anu salu
yu pisan.
2. asa heurin ku lětah b. taya tangan pangawasa, leuleus lesu.
3. asa teu beungeutan c. sarimbag, sarua pisan, taya bědana.
4. cara anjing tutung d. asa aing pangpinterna atawa pangbeungharna.
buntut
5. cara gula jeung peu e. hěsě rěk nyarita satarabasna.
eut.
6. cara jogjog mondok f. kacida ěrana.
7. kawas beubeulahan g. ramě disarada teu puguh děngěkeunana,
těrong
8. kawas kacang ning - h. kagět pisan ku sabab ngaděngě atawa něnjo hal anu teu disang
gang kajang ka ti anggalna.
9. lir hayam disamber - i. henteu daěk cicing, lanjang-linjing kawas nu samar polah
heulang
10 lir nu dipupul bayu j. norostos capětang, nu nyarita nya gancang nya tarik tur taya -
eureunna.