Selasa, 13 Januari 2009

PANGAJARAN KADUA

Pangajaran
Kadua


SURAT KEUR SOBAT


Surat sok dijadikeun alat komunikasi ku unggal jalma. Hidep kungsi nulis surat ? Saměměh diajar nulis surat pěk baca ieu conto ku hidep !


Keur Ki Sobat
Uhay Endang Kosasih
Di
Cijulang


Salam sono,

Hay, kumaha cageur ? Babaturan sarěhat deuih ? Nuhun ari sarěrěa calageur mah. Kabeneran kuring ogě di dayeuh, dina kaayaan cageur. Saterusna kuring rěk měnta dihampura, lantaran kakara ayeuna ngirim surat. Padahal apan jangjina mah, asal geus meunang sakola, rěk langsung nyuratan. Orokaya teuing ku naon, unggal rěk trět, unggal asa horěam waě.
Riweuh nyanghareupan pangajaran henteu. Poho duměh geus jadi urang kota kitu ? Asa teu pisan-pisan. Utamana ka ěntě. Kawantu ti SD mula, terus nepi ka kelas tilu SMP, sakelas jeung sabangku.
Balik ti sakola, bareng ngangon domba. Unggal maěnbal teu welěh jadi balad. Aěh, kumaha sok lalatihan kěněh ? Hěg sing beuki rajin. Peupeuriheun kuring, lain teu hayang, ngan di mana teuing tempatna. Piraku di jalan mah.
Sing lebar kana anlěh ěntě mah. Kuring yakin, mun terus rajin latihan, hiji mangsa bakal jadi pamaěn alus. Turug-turug boga awak pijangkung-badageun. Sugan waě euy jadi gaganti Robby Darwis. Amin !
Geus opat bulan leuwih meureun, urang těh papisah. Hayang geura-geura perě seměstěr. Sugan diidinan ku Ema, rěk ngadon perě di lembur. Bapa mah pasti ngidinan, asal jangji moal badeur. Ngan Ema, siga nu melang waě, abong ka anak tunggal.
Jadina mah kuring těh sakola di SMK I Angkasa, jauh ogě mun kana angkot mah, bisa tepi ka sajam. Sakolana deukeut Lapang Udara Sulaeman, di wewengkon Margahayu, keur anyaran mah, asa rěk běak umur di jalan. Tapi, lila-lila mah jadi biasa. Turug-turug ku Bapa dipangmeulikeun motor. Jadi ka sakola těh kana motor. Lumayan ukur saparapat jam.
Sanajan di sisi sakolana alus. Pabuaranana lega. Aya lapang baskět sagala. Tumaninah dipakě futsal těh. Keur usum futsal di Bandung mah. Lumayan ladang latihan di lembur těh, aya těnjoeun batur. Malah kungsi kapilih jadi pamaěn inti sa-SMK. Hanjakal waktu milu turnaměn, ukur bisa nepi ka parapat final.
Leuh, cacak aya ěntě jeung Si Haěr, asa kudu jadi juara. Komo ditambah si Uus. ěntě ngeběkan, Si Haěr galandang, Si Uus ngiperan, kuring saperti biasa jadi salěnter. Najan teu jadi juara, tapi ka kuring loba nu muji. Malah aya nyangka anggota Tim Haornas. Ngan kuring deuih, hiji-hijina murid kelas hiji anu kapilih. Nu sějěn mah, kaběh murid kelas tilu.
Gara-gara kabawa tim futsal sakola, jadi beuki loba kawawuhan. Ngaran rada kawentar deuih ( heuy deuh....! ). Tětěla lebah maěnbal mah, urang kota těh ělěh ku urang lembur. Buktina tina dua welas urang anggota tim, rěrěana ti pasisian. Malah aya urang Cililin jeung Rancaěkěk.
Cililin těh kiduleun Kota Bandung, jauhna kira-kira salawě kilo. Sedengkeun Rancaěkěk, ayana saměměh Bandung. Jauhna kira-kira sarua jeung ka Cililin. Pědah jajalaneun ti Banjar ka Bandung-keun.
Aya deui euy, onjoyna urang lembur těh, nya ěta dina pangajaran basa Sunda.Sarua lin, di SMA Cijulang ogě, mimiti diajarkeun basa Sunda. Loba kekecapan basa Sunda nu ku maraněhna teu dipikaharti. Padahal cěk kuring mah, masih kěněh basa sapopoě. Contona mumuluk, lalawuh atawa beunyeur. Rěa babaturan sakelas nu teu terangeun.
Puguhing kudu nyarita, mani ripuh, basa Sunda pacampur jeung Malayu. Ana ditaros ku Guru, nyarita ku basa Sunda mah hěsě, cenah. Puguh waě keur urang-urang mah aněh. Naha hěsě mana jeung nyarita ku basa Inggris atawa Arab ? Ku sabab teu tuman těa meureun, nya ?
Ari urang mah apan hěsě hayang lancar nyarita ku basa Indoněsia těh.
Lantaran asal ti lembur, mindeng jadi tempat pananyaan. Nya kitu deui Bapa Guru Basa Sunda, sakalieun aya patarosan nu teu kajawab ku babaturan, tara ka saha deui. Ngan hanjakal nya, basa Sunda mah teu diujiankeun.
Bapa usahana tambah maju. Jadi teu salah meuli kios jeung pindah usaha ka Bandung těh. Da ěta baě kalapa dua treuk těh, tabuh salapan isuk-isuk, tara nyěsa pisan. Kawantu kalapa ti lembur sorangan, jadi moal ělěh harga. Ngan kuring kudu jadi urang kota. Ninggalkeun lembur, pajauh jeung babaturan. Tapi ari lalajo wayang jeung maěnbal mah, mindeng kěněh manggih di Bandung.
Lalajo wayang dua minggu sakali di Gedong YPK Jalan Naripan. Atuh maěnbal tinggal datang ka Stadion Si Jalak Harupat, ngabobotohan Pěrsikab, atawa ka Stadion Siliwangi mun hayang ngabobotohan Pěrsib.
Iraha rěk ka Bandung, kě ku kuring diajak lalajo wayang jeung Pěrsikab atawa Pěrsib.
Sakieu waě heula surat ti kuring. Sakali deui hampura, kakara bisa nyuratan ayeuna. Salam ka sobat-sobat sějěnna. Ulah poho deuih gancang balesan

Bandung, 30 Agustus 2007
Kuring no sono,



Mohammad Ikhsan Shidieqqy


orokaya = ngan bae, tapi, hanjakal wewengkon = daěrah
riweuh = paciweuh, loba kagiatan pabuaranana = buruanana
mula = kěněh tumaninah = laluasa
teu welěh = tetep, angger cacak = lamun seug
anlěh = bakat, kabisa kawentar = sohor
ngadon = niat salawě = dua puluh lima
melang = hariwang onjoyna = unggulna
mumuluk = sasarap lalawuh = dahareun
beunyeur = bubuk beas teu tuman = tara biasa
sakalieun = lamun kabeneran ngabobotohan = mere sumanget


A. Maham Eusi Surat

1. Surat ti saha jeung keur ka saha, nu bieu dibaca ku hidep těh ?
2. Naon sababna nu ngirim surat měnta dihampura ka nu dikirim surat ?
3. Naha bener nu ngirim surat jeung nu dikirim surat těh sosobatan dalit pisan ?
4. Gambarkeun deuih ku hidep, yěn Si Uhay Endang Kosasih pinter maěnbal !
5. Cik gambarkeun ku hidep, sosobatan antara maraněhna !
6. Ari nu ngirim surat, pinter maěnbal atawa henteu ? Terangkeun alesanana !
7. Di mana sakolana nu ngirim surat těh ?
8. Ari tempatna di daěrah mana ?
9. Cik gambarkeun kaayaan sakolana ?
10. Naon unggulna urang lembur dibandingkeun jeung urang kota ?
11. Kumaha pamanggih hidep ?
12. Di mana cenah tempat lalajo wayang těh ?
13. Ari hidep resep lalajo wayang henteu ? Naon alesanana ?


B. Nulis Surat.

Geura ilikan pituduhna ieu di handap !
1. Ka saha ngirimna ?
a. Ka indung atawa bapa urang ?
b. Ka guru ?
c. Ka dulur ( lanceuk, adi ) ?
d. Ka babaturan ?
e. Ka kabogoh ?
2. Rek nyaritakeun naon ?
3. Kadě poho nyatetkeun tempat jeung tanggal ditulisna surat.
4. Kitu deui, perhatikeun ějahan jeung tanda bacana.
5. Ragam basa naon nu dipakě ( loma atawa hormat ) ?
6. Tukeurkeun surat beunang nulis hidep ka babaturan sabangku, tuluy sina dikorěksi.
Pěnta saran jeung koměntarna.


C. Ngaropěa Basa Surat

Surat ti Mohammad Ikhsan Shidieqqy ka Uhay Endang Kosasih těh ngagunakeun basa Sunda ragam loma. Cing robah kana ragam hormat.

1. Sanajan di sisi sakolana alus. Pabuaranana lega. Aya lapang baskět sagala. Tumaninah dipakě futsal těh. Keur usum futsal di Bandung mah. Lumayan ladang latihan di lembur těh, aya těnjoeun batur. Malah kungsi kapilih jadi pamaěn inti sa-SMK. Hanjakal waktu milu turnaměn, ukur bisa nepi ka parapat final.
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

2. Leuh, cacak aya ěntě jeung Si Haěr, asa kudu jadi juara. Komo ditambah si Uus. ěntě ngeběkan, Si Haěr galandang, Si Uus ngiperan, kuring saperti biasa jadi salěnter. Najan teu jadi juara, tapi ka kuring loba nu muji. Malah aya nyangka anggota Tim Haornas. Ngan kuring deuih, hiji-hijina murid kelas hiji anu kapilih. Nu sějěn mah, kaběh murid kelas tilu.
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
________________________________________________________________________________________
D. Latihan

a. Baca sing bedas ! Mana nu teu bener larapna ?

1. Lain teu hayang milu, orokaya keur teu boga duit. B - S
2. Maněhna keur riweuh, sabab kudu ngurus sapi jeung munding B - S
3. Ti keur leutik mula, geus katěmbong pigeuliseunana B - S
4. Kuring mah ka maněhna těh teu welěh resep B - S
5. Boga anlěh těh hěg mangpaatkeun, sugan waě jadi jalan hirup. B - S
6. Rěk ngadon sarě mah, mending di imah sorangan B - S
7. Hayang mangmeulikeun motor, ngan melang bisi tabrakan B - S
8. Di wewengkon Banten, rěa kěněh jelema sakti B - S
9. Henteu kawas di lembur, di kota mah hese neangan pabuaran B - S
10. Kamarna galedě, tumaninah rěk dieusian ku tiluan gě B - S

b. Larapkeun ieu kecap kana kalimah gigireunana !

a. Ngadon 1. _____________ unggal rěk trět nyieun surat, sok horěam waě.
b. Melang 2. Sabab minggu hareup rěk nyunatan. Mang Karta mimiti ______________
nyadiakeun rupa-rupa kaperluan.
c. Wewengkon 3. Ti SD ______________Dadang jeung Hěrlan geus sosobatan.
d. Orokaya 4. Sanajan imahna jauh ogě, maněhna ___________ ngalongokan kolotna
e. Riweuh 5. Teu kaběh urang Brasil, boga _____________ maěnbal.
f. Mula 6. Seměstěe engkě kuring rěk ____________ istirahat ka lembur.
g. Teu welěh 7. Abong indung, teu welěh ___________ ari anak indit ampleng-amplengan
teh.
h. Pabuaranana 8. SMK I Angkasa mah aya di __________________ Margahayu
i. Tumaninah 9. Sakola těh ______________ lega pisan.
j. Cacak 10 Ku sabab lapangan těh lega jeung alus, atuh ________ nu maraěnbal ge
k. Kawentar 11. Leuh, _______________ maněh miluan, pasti juara kahiji.
l. Anlěh 12. Gara-gara maěnbal ngaran kuring jadi _______________

c. Eusian ieu kalimah ku kecap-kecap dina jero kurung !

1. Urang lembur těh rěa _______, di antarana bitisna tareuas (onjoyna,onjoykeun, dionjoykeun)
2. Dasar peujit korěseun tabuh lima subuh geus __________ (mumuluk, samuluk, muluk-muluk)
3. Tuh, di nu hajat geura, loba __________ mah. (lalawuh, kalawuhan, dilalawuhan)
4. Ari keur usum paceklik, ngadahar sangu ______ jadi (beunyeur, kabeunyeuran, beunyeuran)
5. Kuring mah da ________ dahar roti, sok nyeri beuteung (teu tuman, ditumanan, geus tuman)
6. _________ kuring butuh duit, nginjeum těh sok ka maněhna (sakalieun, sakali, sakalikeun)
7. Sarěrěa wajib ________ Pěrsib, supaya jadi juara (ngabobotohan, dibobotohan, bobotohan)





-----mmd-----







Tidak ada komentar: