Selasa, 13 Januari 2009

PANGAJARAN KAGENEP

Pangajaran
Kagenep

Ieu aya karangan atawa tulisan, anu judulna "Ali Sadikin". Ieu karangan těh kagolong kana tulisan biografi atawa nyaritakeun riwayat hirup. Pěk ilo sing tenget tuluy catet ciri-ciri ěta tulisan těh.

ALI SADIKIN

Buntut kajadian Gerakan 30 Sěptěmber PKI, kayaan di puseur nagara Jakarta harěnghěng. Nyawa manusa ampir teu aya hargana. Ra'yat balangsak, barang-barang kaperluan lus-les teuing ka mana. Unggal poě kudu baě manggihan mayit, ngambang dina walungan.
Ku sabab euweuh duit, pangwangunan macět. Jalan-jalan rarenjul, sakola barutu, sajaba ti kurang těh. Nyaksian kayaan kitu, Presiděn Sukarno ngangkir Lětkol Marinir Ali Sadikin ka Istana Merděka.
Diangkir ka istana ku Presiděn, Ali Sadikin reuwas. Aya naon ? Boa-boa aing rěk dihukum, cenah. Da apan harita těh loba jelema ditěwakan.
"Ali, nyaho naon sababna anjeun dipanggil ?" cenah, saur Bung Karno, barang Ali Sadikin sumping ka Istana Merděka.
Nu ditaros pungak-pinguk, lantaran teu terang těa. Kajadian saterusna, Ali Sadikin diangkat janten Gupernur DKI Jakarta. Bung Karno ngahaja milin anjeunna, lantaran Jakarta butuh pamingpin nu gedě kawani.
Ahirna Ali Sadikin resmi diistrenan jadi Gupernur DKI Jakarta April 1966. Rěa anu teu satuju, pangpangna para mahasiswa. Sabab dianggap antěk-antěk Orde Lama, da apan diangkatna ku Bung Karno. Teu kantos lami Bung Karno lungsur tina kalungguhunana, terus diganti ku Soeharto.
Salami dipingpin ku Ali Sadikin, pangwangunan Kota Jakarta kacida majuna. Jalan-jalan aralus deui, lian ti loba nu anyar těh. Gedong sakola terus nambahan. Wewengkon nu tadina kotor, loba nu salin jinis jadi sěhat. Geura ulin ka daěrah Pluit ayeuna. Saha nu nyangka urut rawa. Nya kitu deui Cengkarěng, Pulo Gadung, Ancol, atawa Kemayoran. Hasil usaha Ali Sadikin, jadi daěrah pikabitaeun. Malah Ancol mah jadi tempat wisata nu kacida mashurna. Ti mana-man daratang ngadon pariknik. Hidep gě pasti kungsi ulin ka Ancol, ěta kaběh jasana anjeunna.
Dina ngawangun Jakarta, anjeunna henteu ukur nyieunan gedong jeung jalan. Bisa jadi ěta bědana Ali Sadikin jeung gupernur-gupernur sějěn těh. Sigana ngan anjeunna, pamingpin nu enya-enya merhatikeun kana kagiatan budaya. Nya Ali Sadikin pisan, nu mokalan nyieun děwan kasenian daěrah těh. Nyaěta Děwan Kasenian Jakartan (DKJ). Lengkep jeung tepat para seniman němbongkeun karya-karyana, "Taman Ismail Marzuki" těa.
Geus kitu ampir di unggal daěrah, aya lembaga sarua. Narurutan nyarieun gedong budaya. Contona di Bandung, Taman Budaya di Jalan Dago. Ngan lantaran tuturut munding, henteu maju saperti Taman Ismail Marzuki.
Teu kurang geděna perhatian anjeunna kana kagiatan olahraga. Naon rupa kaperluan olahraga disadiakeun. Nasib para atlit diperhatikeun. Jaman Ali Sadikin mimiti aya olahragawan anu meunang gajih atawa digawěkeun těh. Ieu ogě tuluy diturutan ku pajabat daěrah sějěnna.
Urang Jakarta kacida reueusna boga gupernur siga Ali Sadikin. Geusan němbongkeun kareueusna, sareng istrina almarhumah Drg. Nani Sadikin, dipaparin sebutan Bang jeung Mpok. Tug nepi ka ayeuna, rěk kolot, rěk budak, ti mimiti ra'yat, nepi ka presiděn, nyarebutna těh Bang Ali.
Sabenerna kaběh gupernur Jakarta mareunang landian sarua "Bang". Kaasup Gupernur Sutiyoso ayeuna. Tapi, taya nu napel siga anjeunna. nepi ka urang Jakarta sigana mah poho, yěn Ali Sadikin těh urang Sunda. Lain asli urang Batawi.
Lětjěn Marinir (Purn.) Ali Sadikin, lahir di Cangkudu Sumedang, 7 Juli 1926. Ramana Raděn Sadikin, Kepala Jawatan Pertanian Kabupatěn Sumedang. Almarhum Raděn Sadikin kagungan putra genep, sadayana pameget. Ari Bang Ali pangais bungsu.
Salah saurang saděrěkna, nya Dr. Hasan Sadikin, lantaran jasa-jasana, jenenganana didamel nami Rumah Sakit Hasan Sadikin Bandung. Upami dijujut ka luluhurna, tětěla anjeunna kagungan getih měnak. Kumargi turunan měnak, satamatna Sakola Rakyat, tiasa neraskeun ka HIS (SMP). Lulus taun 1940, neraskeun deui ka MULO (SMA).
Kantos ngalih ka Sakola Těhnik, ngan teu kantos tamat, kabujeng daratang tentara Jepang. Sakola deui di Sekolah Pelayaran Tingii (SPT). Tamat taun 1943. Ti dinya ngiring pendidikan KKO Angkatan Kahij (1952), saměměh dikirim ka Aměrika, tolab ělmu di Korp Marinir (USMC School). Sarěngsěna dikirim deui ka Walanda.
Pirang-pirang jabatan kantos dipercantenkeun nagara ka ieu měnak terah Sumedang těh. Tapi, sohorna mah angger, waktos mingpin urang Batawi. Kaleresan waktos Ali Sadikin mingpin Jakarta, Solihin GP (Mang Ihin) kapeto jadi Gupernur Jawa Barat.
Nu hiji měnak Sumedang, nu hiji deui měnak Tasik. Duanana jěndral, duanana kasěp, turug-turug nyobat dalit. Atuh dina mingpin daěrahna masing-masing těh, sering paheuyeuk-heuyeuk leungeun. Sakapeung ramě pasěa. Masěakeun kapentingan ra'yatna.
Terang Gupernur Jakarta rěa duitna, sakali mangsa Mang Ihin ngaluarkeun "ancaman", "Jakarta moal diběrě cai, upama teu měrě waragad jang nyieunsakola". Duka kumaha pok-pokanana, ngan nu tangtu "ancaman" Mang Ihin těh aya hasilna. Teu kungsi lila, torojol bantuan ti Pemda DKI Jaya keur nyieun sakola di Jawa Barat.
Ku sabab dianggap pamingpin suksěs, rěa nu ngarep-ngarep Ali Sadikin jadi presiděn. Bisa jadi ěta sababna, pangna dina taun 1977, teu pupuguh anjeunna kedah lungsur tina jabatan gupernur.


Maham Kecap

Harěnghěng = werit, henteu aman macět = magol, teu jalan
Ngangkir = ngondang, nitah datang pungak-pinguk = teu bisa ngajawab lanta-
Diistrěnan = diangkat, dilantik ran bingung atawa teu -
Antěk-antěk = usung-ěsang, balad nyaho
Salin jinis = robah, ganti kalungguhanana = jabatanana, pangkatna
Mashurna = sohorna, kawentarna mokalan = ngamimitian
Geusan = pikeun, keur tuturut munding = nurutan, pipilueun.
Landian = sebutan pangais bungsu = lanceukna pisan si bung
dijujut = disusud, dipapay su.
Tolab ělmu = sakola, diajar kapeto = kapilih, dipercaya
Waragad = dana, duit, biaya paheuyeuk-heuyeuk = digawě babarengan, go-
Ngarep-ngarep = nungguan leungeun = tong royong

A. Maham Eusi Wacana Biografi

1. Kota Jakarta harěnghěng, nyawa manusa euweuh hargaan.
Harti harěngrěng těh sarua henteu jeung teu aman ?
2. Naon sababna basa diangkir ka Istana Merděka, Ali Sadikin kungsi ngarasa reuwas ?
3. Naon sababna Bung Karno milih Ali Sadikin sina mingpin Jakarta ?
4. Kumaha hasilna salila Ali Sadikin mingpin Jakarta ? Naon ukuranana ?
5. Naon alesanana urang Jakarta měrě gelar Bang ka Ali Sadikin ?
Mun di urang sebutan Bang těh kira-kira sarua jeung naon ?
6. Urang mana aslina jeung iraha lahirna Ali Sadikin těh ?
7. Anak saha jeung nomer sabaraha tina genep sadulur ?
8. Loba mana genep sadulur jeung dulurna genep ?
9. Salah saurang rakana, jenenganana dianggo nami rumakit. Saha ěta ? Naon alesanana ?
10. Waktu duanana jadi gupernur, kabějakeun Bang Ali jeng Mang Ihin mindeng pasěa.
Masěakeun naon cenah ? Naha aranjeunna mumusuhan ?
11. Ku naon cenah, pangna Bang Ali teu pupuguh dilirěnkeun tina jabatan gupernur ?
Cik sugan ayan nu terang, waktu ěta saha nu jadi Presiděnna ?

B. Larapkeun kecap-kecap di handap ieu kana kalimah gigireunana.

a. Pungak-pinguk 1. Kayaan kota mani _____________, lantaran usum perang.
b. harěnghěng 2. Calana těh slětingna ______________, kawantu geus heubeul.
c. macět 3. Bung Karno ____________ Ali Sadikin ka Istana Merděka.
d. salin jinis 4. Jalma ěta mah basa ditanya ku pulisi těh ngadon ______________
e. geusan 5. April 1966 Ali Sadikin _____________ janten gupernur.
f. ngangkir 6. Anjeuuna disangka jadi _____________ orde lama.
g. diistrěnan 7. Bung Karno dilungsurkeun tina ____________________
h.tuturut munding 8. Nu baheulana leuweung jeung rawa těh kiwari ____________ jadi kota.
i. antěk-antěk 9. Daěrah Ancol jadi tempat wisata nu kacida _____________
j. mashurna 10. Anjeunna nu ______________ nyumbang ka Acěh těh.
k. kalungguhanana 11. Jadi jelema ulah sok ____________, bisi dianggap teu boga pamadegan
l. mokalan 12. _________ nembongkeun kereureusna, urang Jakarta mere gelar Bang

C. Jodokeun kalimah di handap ieu ku cara narik garis antara babasan jeung hartina anu bener

1. asak jeujeuhan a. borangan
2. carang takol b. gorěng milik
3. jadi sabiwir hiji c. wanian pisan, euweuh kasieun
4. lěběr wawaněn d. teu nyaho saha-sahana nu jadi baraya
5. leumpeuh yuni e. dipikiran heula masing anteb
6. leutik burih f. jelema nu langka pisan ngomong.
7. malapah gedang g. digawě ti isuk nepi ka peuting teu eureun-eureun
8. pareumeun obor h. geus jadi caritaan jelema rěa.
9. sisit kadal i. babari kapangaruhan
10 tisusut tidungdung j. malibir heula měměh nyaritakeun maksudna.










-----mmd-----


1 komentar:

Unknown mengatakan...

kak kalo pertanyaan no 7 dengan no 8 apa jawabannya?saya tidak paham,mohon untuk di jelaskan 🙏🏻