Selasa, 13 Januari 2009

PANGAJARAN KALIMA

Pangajaran
Kalima

Dihandap aya wacana siaran televisi dina program acara "Golěmpang". Golěmpang těh hartina sarua jeung tiguling. Lian ti ěta aya deui hartina, nya ěta salahsahiji igel atawa tepak kendang kasenian penca silat. Tapi, nu rěk dicaritakeun dina ieu bacaan mah. "Golěmpang" salahsahiji acara, anu mayeng disiarkeun ku stasiun televisi lokal. Bandung TV.
Ieu acara wangunna wangkongan, antara si penyiar jeung tokoh-tokoh Sunda, seniman, juru atik, ahli basa jeung sajabana, Geura yu urang bandungan !
Kabeneran eusina magunemkeun, naha enya ari basa Sunda těh hěsě. Nya kitu deui tokoh anu diondangna, enya-enya ahlina. Kahiji Bapa Drs. Ano Karsana, M.Pd. ( Ano ) Dosěn Basa Sunda ti UPI Bandung. Nu saurang deui, Ibu Dra. Eulis Saputra ( Eulis ), Guru Basa Sunda di salahsawios SMP. Sedengkeun prěsěnterna, Bapa Us Tiarsa ( UT )
Pek ku hidep regepkeun Ibu/Bapa Guru atawa batur hidep rěk macakeun ěta wacana ! Sing saregep !

GOLÊMPANG

UT : Haturan, wilujeng sumping sareng wilujeng wengi, hatur nuhun kana kasumpinganana ka studio.

Ano : Sami-sami. Sawangsulna hatur nuhun kana pangangkirna.

Eulis : Wilujeng wengi !

UT : Rupina bade ka Pa Ano heula. Seueur anggota masarakat, anu kagungan anggapan, yen basa Sunda těh hěsě. Dugi ka maraněhna, milih sasauran ku Basa Indonesia, batan ngagunakeun basa Sunda. Tah, naha leres basa Sunda těh hěsě ?

Ano : Namina ogě anggapan, tangtos teu acan kantenan leresna. Malih cěk sim kuring mah, ěta anggapan těh lepat kabina-bina. Ayeuna sim kuring badě naros ka Pa Uus, hěg waler sing jujur. Numutkeun Pa Uus, sesah mana sasuran ngangga basa Sunda, sareng ngagunakeun basa Inggris atanapi Arab ?

UT : Ku margi sim kuring mah urang Sunda, kantenan sesah kěněh sasanggem ku basa Inggris sareng basa Arab.

Ano : Saleresna basa Sunda těh, henteu sesah teu sing, utamana pikeun urang Sunda. Cenah ěta masarakat aya anggapan, majar basa Sunda hěsě, ěta mung raraosan. Biasana pědah dina basa Sunda, aya nu disebat tatakrama basa. Undak-usuk basa disebatna, upami kapungkur mah. Aya basa lemes, aya basa kasar. Padahal asal dibiasakeun, dijamin henteu hěsě teu sing.

UT : Kumaha pamendak Bu Eulis ?

Eulis : Nu mawi ěta nu kedah diusahakeun ku urang těh. Ngarobah sikep sabagěan urang Sunda, supados ulah aya emutan, yěn basa Sunda těh hěsě. Sapertos nu nembě disaurkeun ku Pa Ano. Sim kuring rada ngartos sareng tiasa nyanggem ku basa Inggris. Tapi, numutkeun pangalaman, angger baě langkung gampil nyanggem ku basa Sunda. Nya kitu deui dibandingkeun sareng basa Indonesia, tetep langkung lancar ngagunakeun basa Sunda. Margi tos biasa těa.

Ano : Leres, da basa mah saněs apalkeuneun, namung anggoeun. Sareng naha dikinten urang Sunda nu sasauran ku Basa Indonesia, basa Indonesiana laleres kitu ? Malih apan lětah urang Sunda kasohor sesah upami diajak mamalayuan těh. Běnten sareng urang Jawa atanapi urang Sabrang.

UT : Janten ari kitu mah, majar basa Sunda sesah těh, henteu leres ?

Eulis : Lepat pisan. Sakali deui, asal dibiasakeun, basa naon-basa naon ogě, tinangtos bakal gampil.

UT : Namung ayeuna mah geuning, ulah di kota, di pilemburan ogě, ngawitan seueur nu nyariosna mamalayuan.

Eulis : Leres. Contona di lembur sim kuring. Nanging punten moal disebatkeun, lembur naon-lembur naonna mah. Seueur barudak aralit, niru-niru urang Batawi. Nggak mau, pěngin makan, biarin, cenah. Da ěta panginten dipirucaan ku sepuh-sepuhna.

Ano : Janten emut kana dongěng rěrěncangan. Aya urang lembur, di damel di Jakarta. Teu acan pati lami, nembě sataun jalan. Waktos mulang lebaran, siga nu tos hilap pisan kana basa Sunda. Nyarita sareng sasaha těh, teu welěh nurutan Si Mandra. Elu, guě sareng sajabina. Kacaturkeun piěnjingeun manehna wangsul deui ka kota, ditaros ku tatanggana. Iraha ka Jakarta deui ? Jawabna těh : "Běsok". Ditaros deui, rěk wayah naon ? kumaha pokna ? Běsok-běsok.

UT : Maksadna mah panginten isuk-isuk.

Ano : Leres.

UT : Tadi disebatkeun, pangna dianggap hěsě těh, ku margi aya tatakrama basa těa. Sarieuneun lepat rupina. Batan lepat mending ngagunakeun basa Indonesia. Utamina barudak ngora. Kumaha pamendak Bu Eulis ?

Eulis : Naha ari dina basa Indonesia, basa Inggris, sareng basa Arab, teu aya tatakrama basa kitu ? Aya, aya pisan. Contona dina basa Indonesia. Mustahil ka prěsiden nyebat lagi makan atanapi tengah tidur. Pasti nyebat těh lagi bersantap. Tengah istirahat. Sarengna deui jumlahna ogě, da henteu seueur-seueur teuing. Moal aya satai kukuna, upama dibandingkeun sareng ngapalkeun robahna kecap dina basa Inggris atanapi Arab.

Anu : Ah, nya ěta atuh, urang Sunda mah sakapeung sok rada hěngkěr. Gampil ělěhan.

Eulis : Rupina kedah aya kampanyeu husus. Nyebarkeun pamflět, saur saha basa Sunda hěsě !

UT : Aěh, teu karaos, parantos ampir sajam. Ku margi kitu, kanggo samentawis, wangkongan těh urang pungkas. Ka payun urang sambung deui. Hatur nuhun.


Maham Kecap.

Mayeng = angger, terus-terusan kawentar = kasohor
wangkongan = obrolan kabina-bina = kacida, pisan
juru atik = pendidik, guru, dosěn sasanggem = lemesna tina nyari
magunemkeun = ngobrolkeun, ngabahas, medar ta, ngomong, dipake keur
majar = cenah ka sorangan
tatakrama basa = sopan santun basa, undak-usuk dikinten = dikira
basa, basa lemes jeung kasar. niru-niru = nurutan
dipirucaan = dicontoan, dimimitian wayah = mangsa, waktu
kacaturkeun = kacaritakeun pungkas = tutup
satai kukuna = sabagěan leutik samentawis = saheulaanan
hěngkěr = kurang kuat, babari ělěh


B. Nyangkem Eusi Siaran Televisi

Sangkan urang nyaho atawa paham kana eusi siaran televisi tadi, ayeuna jwab pananya ieu dihandap !

1. Acara naon "golěmpang" těh ? Di mana disiarkeunana ?
2. Saha waě nu sok diondang kana acara "Golěmpang" ? Saha biasana prěsěnterna ?
3. Ari dina bacaan nu bieu dibaca ku hidep, saha baě tokoh nu diondang těh ?
Magunemkeun naon ?
4. Kumaha cenah anggapan sabagěan masarakat Sunda kana basa Sunda těh ?
Kumaha nurutkeun Pa Ano ?
5. Ari cěk hidep kumaha ? Naon alesanana ?
6. Naon kira-kira sababna, pangna boh Pa Ano boh Bu Eulis, atawa Pa Uus, nganggap basa Sunda henteu hěsě ?
7. Saha nu leuwih mindeng ditanya ku prěsěnter di antara Pa Ano jeung Bu Eulis ? Saha nu pinter nyarita basa Inggris ?
8. Kudu ngayakeun naon cenah, supaya masarakat ulah hayoh-hayohan nganggap basa Sunda hěsě ? Hidep satuju henteu ? Naha ?
9. Cik caritakeun deui dongěng urang lembur nu digawě di Jakarta těh !
10. Ari di imah, biasana hidep nyarita ngagunakeun basa naon ?


C. Nyatet Kekecapan Nu Hěsě

Coba hidep bandungan salahsahiji acara televisi lokal. Naon baě asal ngagunakeun basa Sunda. Catet kecap-kecap nu dianggap hěsě, anu digunakeun ku penyiar, tuluy těangan hartina dina kamus !


D. Pěk larapkeun kekecapan ieu di handap kana kalimah, sarta perhatikeun contona.

Conto : Igel = Ibing, tari
Igel nu kitu mah jaipongan lain penca

1. Anggapan = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

2. Kantenan = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

3. Lepat = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

4. Numutkeun = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________


5. Dijamin = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

6. Lancar = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

7. Pamendak = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

8. Sunda = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

9. Lembur = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

10. Biasa = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

11. Lětah = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

12. Hěsě = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

13. Ngora = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

14. Acara = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

15. Lokal = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

16. Prěsěnter = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

17. Lepat = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

18. Mulang = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

19. Kota = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________

20. Isuk-isuk = ____________________________________________________________
________________________________________________________________________________________


Ě. Neuleuman Jeung Ngoměntaran Basa Nu Digunakeun.

Sabada nyaho atawa paham kana eusi siaran televisi, ayeuna pěk ku hidep teuleuman tuluy catet kekecapan atawa basa Sunda nu digunakeun ku penyiar televisi. Tangtuna waě nu diteuleuman těh kekecapan atawa basa nu kurang merenah. Sanggeus kitu tuluy bahas jeung babaturan sakelas ! Nu dibahas těh upamana ngeunaan :
1. Kekecapanana.
Kekecapan nu digunakeun dina ěta guneman kagolongkeun kana kecap ragam hormat, lantaran dina suasana formal atawa resmi. Tangtu waě lamun urang cacarita atawa ngawangkong dina suasana resmi, alusna ngagunakeun ragam hormat, komo lamun nu diajak nyaritana tamu atawa saluhureun.
Ayeuna urang titěnan kekecapan nu digunakeun dina ěta siaran televisi.

"Rupina badě ka Pa Ano heula. Seueur anggota masarakat anu kagungan anggapan, yěn basa Sunda těh hěsě. Dugi ka maraněhna milih sasuran ku basa Indoněsia, batan ngagunakeun basa Sunda. Tah, naha leres basa Sunda těh hěsě ?"

Kecap rupina těh kagolong kana ragam hormat, boh keur sorangan boh keur batur. Ari ragam lomana apan sigana. Dina tatakrama basa nu baheula mah disebut undak-usuk basa, ragam keur sorangan jeung ragam hormat keur ka batur. Geura prak titěnan kekecapan nu dipakě dina guneman siaran televisi lamun diasupken kana tatakrama makěna basa.
Conto : Kuring geus datang ka sakola
Abdi parantos dongkap ka sakola
Pa Guru parantos sumping ka sakola.

RAGAM HORMAT
RAGAM LOMA KEUR SORANGAN KEUR KA BATUR

datang dongkap sumping
jeung sareng sareng
rupana rupina rupina
arěk badě badě
loba seueur seueur
boga gaduh kagungan
hěsě sesah sesah
nepi ka dugi ka dugi ka
cacarita sasanggem sasauran
ngagunakeun nganggě nganggě
ngaranna namina jenenganana
ngarobah ngarobih ngarobih
saperti sapertos sapertos
ngarti ngartos ngartos
babari gampil gampil
bener leres leres
lain saněs saněs
pakěeun anggoeun anggoeun
dikira dikinten dikinten
běda běnten běnten
mimiti ngawitan ngawitan
babaturan rěrěncangan rěrěncangan
balik wangsul mulih
ditanya ditaros ditaros

Lian ti ragam basa hormat nu digunakeun dina ěta siaran, aya kekecapan serepan tina basa deungeun. Tangtu waě diwenangkeun atawa meunang urang guneman ngagunakeun kecap serepan, asal ěta kecap euweuh dina kabeungharan kecap basa Sunda.
Contona : Pamflet jeung studio

2. Wangun Kecap Jeung Kalimahna
Wangun kecap nu digunakeun dina siaran televisi umumna geus luyu jeung aturan tatabasa. Saperti kecap kasumpinganana, ěta kecap těh kagolongkeun kana kecap rundayan, anu diwangun ku kecap dasarna sumping makě rarangkěn -an nu jadi -ana sarta rarangkěn barung ka- - an. Mun dianalisis mah meureunan kieu


kasumpinganana




kasumpingan -ana



ka- -an sumping



F. Ngalaporkeun Basa Jeung Eusi Siaran Televisi

Pěk ku hidep caritakeun deui basa jeung eusi siaran televisi těh sacara lisan !




















-----mmd-----

Tidak ada komentar: