Selasa, 13 Januari 2009

PANGAJARAN KATILU

Pangajaran
Katilu


Pěk baca ieu sajak di handap, sing alus macana !

SI ÊMÊH


Si Êměh anak Mang Karta geus tilu taun hirup di Jakarta.
Diajak lanceukna Si Una nu digawě di pabrik sepěda.
Mekel ijazah Tsanawiyah kelas dua
Kungsi aprak-aprakan ngurilingan kota
Ngudag-ngudag běja majar di pabrik anu aya lowongan kerja
Ngan unggal didatangan unggal nyamos geus teu narima
Kabeneran manggih milik ditulungan tatanggana
Deukeut imah tempat pangontrakanana

Si Êměh meunang gawě jadi babu
Gajihna lumayan sabulan lima ratus rebu
Ditambah saminggu sakali ngiring dunungan
Jalan-jalan ka Mall atawa ngadon dahar di rěstoran

Munggaran mulang lebaran dua taun ka tukang
Mokaha angkaribung rěbo ku babawaan
Olěh-olěh kuěh kalěng apel Malang jeung pakěan
Bagikeuneun ka kolot jeung duduluran
Basa aya nu nanya naha dadaěkanan jadi babu
Si Êměh gasik ngajawab, "Guě mah babu Měntěng tau !"

Ti harita babu Měntěng jadi bahan kacapangan
Babu Měntěng lain babu sambarangan
Gajihna satengah juta sabulan
Saminggu sakali ngiring dunungan
Jalan-jalan ka Mall atawa ngadon dahar di rěstoran

Lebaran taun itu Babu Měntěng ngersakeun deui mulih
Ning ambuing sagala rupana parantos robih

Asa lain Si Êměh anak Mang Karta urang Sidamulih
Dalah indungna Bi Ocih lila kalinglap kabedil langit
Něnjo dangdanan anakna ningkah kabina-bina
Sugan těa mah enon-enon geulis urang mana

Êměh Babu Měntěng lain babu sambarangan
Ku sabab gawěna alus dipikanyaah ku dunungan
Gajihna naěk ngageděan
Tilu parapat juta pěrak sabulan
Basa mulang kamari těa ngahaja ondang-ondang
Ngumpulkeun tatangga jeung duduluran
Ngabějaan maněhna geus ganti ngaran
Lain Êměh tapi Êmy, cenah omat-omatan

Lebaran deui, usum mudik deui
Teu kalangkung si Babu Měntěng Něng Êmy
Ayeuna mah sagala rupana blěg sělěbriti
Rambut pondok potongan lalaki
Dicět beureum campur koněng warna-warni
Irungna ditindik hěg digantungan ali
Kaos kutung ngagantung bujalna ka mana-mendi
Calana sontog potongan jěngki
Cas-cis-cus sasauran basa Batawi
Da ěta cenah kana basa Sunda parantos lali

Watir ngabandungan Bi Ocih jeung Mang Karta
Lantaran si Êměh...... aěh Něng Êmy teu tiasa sasauran basa Sunda
Sabalikna maněhna teu bisa ngomong cara urang Jakarta
Teu apal naon hartina "elu" atawa "gua"
Tungtungna siga jelema eupeu nyarita jeung anak loba pepeta
Kitu-kitu Bi Ocih jeung Mang Karta bagja kabina-bina
Ladang digawě Něng Êmy aya těnjoeunana
Bajuna aralus duitna loba
Bisa mangmeulikeun radio jeung televisi sagala
Ngělěhkeun Si Una lanceukna těa

Babu Měntěng lain babu sambarangan
Sakali mangsa aya lalaki datang hayang wawanohan
Ku Něng Êmy diaku malah gancang disuguhan
Dipairan cai sarta dipangnaheurkeun indomie
Puguhing beuleum hui reujeung roti bawa maněhna ti Batawi
Barang asak song disuguhkeun ka si lalaki nu keur anděkak
Saur Něng Êmy, "Silakan dimakan nanti emih nyah keburu bengkak"


majar = sedih ondang-ondang = nitah datang
nyamos = teu hasil, gagal ngangkir jelema
babu = lanjang, bujang omat-omatan = meupeujeuhan
munggaran = mimiti kadě-kaděan
angkaribung rebo = loba babawaanana bleg = persis, sarua
gasik = gancang ditindik = ditojos, diliangan
kacapangan = bahan obrolan kutung = pondok, torad
sambarangan = biasa buntung
ning ambuing = tapi ampun sontog = nengah bitis
kabedil langit = teu kabade watir = karunya
ningkah kabina-bina = loba ceta pisan, robah eupeu = teu bisa nyarita,
pisan kalakuanana pireu
enon-enon = turunan bulě, indo wawanohan = wawawuhan
puguhing = puguh deui, geus puguh, geus karuhan.


A. Maham Eusi Sajak
Paluruh jawabanan dina sajak Si Eměh di luhur !

1. Anak saha Si Êměh těh ?
2. Diajak ku saha maněhna ka Jakarta ?
4. Jadi naon cenah ?
5. Naon unggulna Si Êměh jeung babu-babu sějěnna ?
6. Mawa naon baě waktu balik lebaran dua taun katukang ?
7. Naon sababna pangna babu Měntěng dianggap lain babu sambarangan ?
8. Saha nu apal, kasohor naonna daěrah Měntěng di Jakarta ?
9. Kira-kira naon sababna, pangna Si Êměh ganti ngaran jadi Êmy ?
10. Indungna kalinglap nenjo Si Êměh. Ku naon pangna kalinglap ?
11. Enya kitu Si Êměh geus teu bisaeun basa Sunda ?
12. Sebutkeun alesanana !
13. Sabaraha pada sajak nu tadi dibaca ku hidep těh ?
14. Nyaritakeun naon sabenerna sajak nu tadi těh ?
15. Upami judulna kudu diganti, kira-kira naon nu merenah nya ?


B. Nyawalakeun Eusi Sajak
Sawalakeun jeung babaturan hidep !

1. Cing sebutkeun di antara babaturan hidep nu alus maca sajakna ?
2. Koměntaran ku hidep salasaurang babaturan nu maca sajak !
a. Mun alus, palebah mana alusna ?
b. Mun kurang, palebah mana kurangna ?
3. Kudu kumaha ari těhnik maca sajak nu alus těh ?
4. Caritakeun ku hidep ka babaturan ěta eusi sajak Si Êměh ku basa hidep sorangan ?
5. Jelaskeun kumaha koměntar hidep kana kalakuan Nyi Êměh !


C. Maluruh Sajak

Lalaki di Tegal Pati beunang Sayudi mangrupa kumpulan sajak munggaran turta gedě hartina pikeun dunya kasusastraan Sunda. Mimiti terbit taun 1963 ku Penerbit Kiwari, Bandung. Cetakan kaduana taun 1985 ku Penerbit Rahmat Cijulang, Bandung. Eusi sajak-sajakna ngagambarkeun kateuneung-kaludeung satria Sunda nu tutumpuran ngaběla ajěn diri jeung kahormatanana.

Baca ku hidep hiji sajak Sunda sějěnna, tuluy baca di hareupeun kelas, jeung jelaskeun nyaritakeun naon eusina !

Judul Sajak :
_______________________________________________

Pangarang
_______________________________________________

Ungkara Sajak
_______________________________________________
_______________________________________________
_______________________________________________
_______________________________________________
_______________________________________________
_______________________________________________

Eusi Sajak
_______________________________________________
_______________________________________________
_______________________________________________
_______________________________________________
_______________________________________________
D. Latihan

a. Larapkeun kana kalimah gigireunana !

1. _______________, rěk datang, tapi didago-dago teu embol-embol a. angkaribung
2. Geus běak děngkak kuring usaha těh, tapi nepi ka kiwari ______ waě b. gasik
3. Geus jarang kiwari mah nu nyebut ___________, tapi pembantu c. kacapangan
4. Basa ________ datang ka dieu mah, maněhna těh hirupna sangsara d. sambarangan
pisan.
5. Balikna ________ ku olěh-olěh bawa ti kota. e. ning ambuing
6. Si Êměh _________ ngajawab : "Guě mah babu Měntěng tau !" f. blěg
7. Saha nu teu apal ka Nyi Êměh, Babu Měntěng těa geus jadi _______ g. ditindik
sarěrěa.
8. Babu Měntěng lain babu ___________, sagala bisa jeung gajihna mang h. kutung
yuta-yuta.
9. ____________ ěta jalma lěgěgna alahbatan sělěbritis. i. sontog
10. Dangdanan Si Êměh matak ____________ indungna. j. watir
11. Teu sangka ari geus jadi urang kota mah, Si Êměh těh mani ______ k. wawanohan
12. Buukna dicět beureum jeung koněng, ngarah katingali siga _______ l. puguhing
13. Nyi Êměh ngahaja ____________rěk ngumumkeun ganti ngaran. m. majar
14. Maněhna ___________ pisan ka kuring, sangkan datang poě isuk. n. nyamos
15. Běda jeung baheula, ayeuna mah kalakuan maněhna těh _________ o. babu
wě běntang pilem.
16. Jaman kiwari mah boh awěwě boh lalaki, irungna ________ tuluy di p. munggaran
gantungan ali.
17. Ngahaja maněhna mah makě kaos _______ těh, ngarah katěmbong q. kalinglap kabedil
bujal. langit
18. Calana ____________ngaranna, ari ngan semet tuur mah r. ningkah kabina-bi
na.
19. Kuring mah ________ nempo kuda dipecutan ku kusir těh. s. enon-enon
20. Aya lalaki hayang __________ jeung Si Êměh. t. ondang-ondang
21. Sagala kadaharan gě nyampak, ___________, kuěh bawa maněhna u. omat-omatan
ti Jakarta.

b. Baca, jeung paluruh bener henteu larapna !

1. Teu majar lima rěbu sakilo mah B - S
2. Majar maněh rěk ka Jakarta B - S
3. Padahal eupanna alus, tapi nguseup těh angger baě nyamos B - S
4. Rěk nyamos rěk henteu, nu penting usaha ! B - S
5. Loba urang Indonesia nu jadi babu di Arab. B - S
6. Jadi babu tapi digawěna di hotěl B - S
7. Rěk munggaran datang, sial dokterna euweuh. B - S
8. Keur mah munggaran datang, sial dokterna euweuh. B - S
9. Majar Si Êměh jadi babu, jadi kacapangan urang lembur. B - S
10. Tong loba teuing kacapangan, bisi nepi ka jelemana. B - S
11. Euleuh mani kalinglap, sugan těh lain Si Êměh. B - S
12. Ulah kalinglap, bisi pajar balaga. B - S
13. Awakna blěg sagedě gajah. B - S
14. Awakna blěg baě gajah. B - S
15. Ku naon siga nu eupeu, leumpangna cingked. B - S
16. Pepeta těh lain eupeu, keur diajar pantomim B - S
17. Inditna rěbo, naha ari balikna lěngoh. B - S
18. Datang Rebo isuk-isuk, bareng jeung anakna. B - S
19. Daharna gasik jaba gembul těh. B - S
20 Maněhna gasik indit, lantaran sieun kahujanan. B - S


c. Larapkeun kana kalimah gigireunana.

punjul 1. Lamun daharna nambah sok disebut ...................
lapur 2. Sirah těh karasa nyud-nyudan lamun...................
basajan 3. Maněhna mah jalma jago, ku sasaha ogě .................
rebun-rebun 4. Kudu dipikir heula rěk migawe hiji perkara těh ulah ..............
mindo 5. Jalma nu nyaritana teu jeung itungan disebut..............
adigung 6. Tong dipikiran, barang nu leungit mah anggap ...............
kokotětěngan 7. Jalma nu pang ...........salembur ěta mah.
dipanggul 8. Mani molělěl kieu dahareun těh bakat ku ...............
dipikasieun 9. Pantes pada mikangěwa ogě da maněhna mah ---------------
kahontal 10. Lantaran kaburu ditinggalkeun maot ku kolotna, atuh cita-citana
teu ................
suaban 11. Geuning aya sapatu těh, dimana kapanggihna ? Hanas ............
lieur 12. Urang ulah jor-jorn kitu hirup těh, meungpeung ngora kěněh diajar ...
pangsět 13. Jalmana pinter tuda, matak angka rapotna gě leuwih .........
jugala 14. Rěk ka mana ............... geus tuturubun.
15. Sanggeus dibeungkeut mah, suluh těh tuluy ..................









Tidak ada komentar: