Selasa, 13 Januari 2009

PANGAJARAN KAHIJI

Pangajaran
Kahiji


Baca ieu wacana kalawan bedas, sing merenah lentong kalimahna.

CADAS PANGÊRAN


Ti jaman baheula kěněh, antara Sumedang-Bandung, geus aya jalan, ngan harita mah lain jalan gedě cara ayeuna. Ulah mobil, dalah kahar ogě can tangtu bisa ngaliwat. Rajeun aya tutumpakan ukur kuda atawa tandu. Waktu Gubernur Jěndral Daěndels muka jalan pos ti Anyěr ka Banyuwangi. Kaayaan Cadas Pangěran harita masih kěněh mangrupa gunung batu nu kacida teuasna. Tapi, Daěndels tetep marěntahkeun kudu dibobok, supaya bisa diliwatan kandaraan.
Nampi parěntah ti Gubernur Jěndral, Kanjeng Pangěran Kusuma Dinata, kapaksa miwarang rayat Sumedang. Dina waktuna rayat daratang ti mana-mendi, marekel pakakas sabogana-sabogana. Kawantu nu kudu dibobok těh cadas nu sakitu teuasna, hasilna těh henteu sabaraha. Katambah-tambah tempatna hara-haraeun, tungtungna loba nu maot kalaparan.
Kocap hiji poě Kanjeng Pangěran, diiringkeun ku Patih Raděn Demang Mangku Praja, seja nampi pamariosan Gubernur Jěndral Daěndels atawa anu sok disebut ogě Jěndral Guntur. Taběatna Jěndral Guntur, babari haok porongos. Matak pada nelah Mas Galak, tina kecap marsekalek, basa Walanda. Barang jebul, beungeutna langsung merengut. Cacak kulitna bodas, katembong semu geuneuk, tandaning ambek pohara.
Kana kabiasaan haok porongos Jěndral Guntur, kantenan Kangjeng Pangěran uninga. Ku kituna ti anggalna kěněh, anjeunna parantos taki-taki. Emutanana, ku sabab lalakon ngabobok gunung cadas henteu aya kamajuan, Si Mas Galak pasti bakal ambekna.
Malah teu mustahil anjeunna bakal jadi korban, dibenduan Tuan Besar. Namung, anjeunna teu ieuh gimir, sareng teu badě nyalahkeun rayat. Margi kauninga, kumaha hěsěna ngadungkaran gunung batu ukur ngandelkeun tanaga jelema, dibantuan pakakas saaya-aya.
Caturkeun Jendral Guntur cunduk ka tempat nu digarawě. Atuh Kangjeng Pangěran gancang ngahormat saperti biasana, manggut bari teras nyaketan. Dasar nu keur ambek, panghormat Kangjeng Pangěran, boro-boro ditarima samistina. Tapi, teu burung ari nyodorkeun leungeun, ngajak sasalaman mah.
Ningali kalakuan Jěndral Guntur kitu, Kangjeng Pangěran ampir-ampiran teu kiat nahan bebendu. Dasar kumpeni, gerentesna, teu boga pisan rasrasan. Naha rayat aing rěk diantep jadi korban, gara-gara nedunan kahayang maraněhna.
Pikeun němbongkeun eusi manahna, barang Jěndral Guntur ngasongkeun leungeun katuhu, ku Kangjeng Pangěran cukup ditampanan ku panangan palih kěnca. Sedeng panangan anu hiji deui, dianggo nyepengan sarangka keris, nu nyelap dina lebah cangkěngna. Ngahaja deuih si keris těh digilirkeun ka běh payun.
Nyaksian kajadian kitu, kaběh nu araya pohara reuwasna. Kaayaan nu tadina ramě těh, jep jempě lir gaang katincak. Sarěrěa teu nyangka Kangjeng Pangěran kagungan peta kitu. Demi Demang Mangku Praja, semet reuwas kabina-bina, inggis panyakit Jěndral Guntur beuki parna. Jelema tukang nganteur amarah, kari-kari sarua jeung ditangtang adu kawani, pasti kana piraměeun. Kumaha lamun Jěndral Guntur, tuluy nitah serdadu Walanda, sina něwak Kangjeng Pangěran sabalad-balad.
Něnjo kalakuan Pangěran Sumedang siga nu ngajak adu wawaněn, Jěndral Guntur langsung molotot. Beuki reuwas sakur nu ngabandungan, lantaran Kangjeng Pangěran males molotot deui. Tungtungna duanana papelong-pelong. Nu hiji nganggap aing kawasa, naha kudu ělěh ku bangsa jajahan, sanajan pangkatna raja. Nu hiji deui, niat ngajaga kahormatan, bakal nyilakakeun diri, risiko bongan jadi pamingpin.
Bisa jadi lantaran kaburu ělěh mamaras, Jěndral Guntur pok miheulaan nanya, "Rěgen, naon maksud anjeun, pangna nampanan sasalaman kuring ku leungeun kěnca ?"
Rěgen těh sesebutan ka dalem. Nya diwaler ku Kangjeng Pangěran, "Kangjeng Tuan, sim kuring reujeung rayat Sumedang, henteu niat mungpang kana parěntah kumpeni. Lain teu hayang geura-geura nganggeuskeun pagawěan. Ngan Kangjeng Tuan kedah terang, kumaha hěsěna ngabobok gunung batu anu sakieu teuasna," bari nyejekkeun sampěan kana cadas. "Ngahaja sim kuring němbongkeun kanyeri hatě, ku sabab pamohalan bakal meunang kaadilan. Běh dituna supaya Kangjeng Tuan uninga, yěn sim kuring kajeun nandang hukuman, ti batan terus-terusan nyaksian rayat dikakaya. Nepi ka poě ieu wungkul, pirang-pirang nu maraot alatan panyakit jeung kalaparan."
Panjang lebar Kangjeng Pangěran sasauran, nepi ka Jěndral Guntur sadar, tětěla kendorna pagawěan těh, lain kurang temen digarawěna. Tapi, lantaran kacida hěsěna. Harita kěněh maněhna ganti marěntahkeun ajudanana, supaya ngadatangkeun tentara batalion zěni, lengkep jeung parabot keur nugaran gunung cadas.
Salila nungguan tentara zěni daratang. Kangjeng Pangěran miwarang rayat digarawě deui, ngan teu kudu maksakeun hayang rěa beubeunangan.
Sanggeus marentah ajudanana, solongkrong deui Jěndral Guntur ngajak sasalaman. Kalayan ěnggal ditampi ku panangan tengen Kangjeng Pangěran. Sakitu taun ti harita, jalan ti Bandung ka Sumedang teu burung anggeus. Sedengkeun ěta tempat, ayeuna katelah Tanjakan Cadas Pangěran. Maksudna keur pangěling-ngěling kana perjoangan Raja Sumedang Kangjeng Pangěran Kusuma Dinata. Sakapeung sok disebat Pangěran Korněl.


kahar = dělman tandu = gotongan korsi
hara-haraeun = jauh ka ditu ka dieu taběatna = sipatna, kalakuanana
haok porongos = ambek kabiasaanana
merengut = baeud taki-taki = siap-siap
gimir = sieun cunduk = datang
samistina = sakuduna, kumaha pantesna nedunan = ngalaksanakeun,
digilirkeun = digěsěrkeun, dipindahkeun yumponan
peta = kalakuan wawaněn = kawani
dikakaya = disangsara mamaras = hatě
mungpang = nolak temen = daria, enya-enya
tengen = katuhu pangěling-ngěling = nginget-nginget


A. Maham Eusi Sajarah/Babad

Paluruh jawabanana dina carita "Cadas Pangěran" di luhur !
1. Saha nu marěntahkeun Cadas Pangěran dibobok ?
2. Saha ari Kangjeng Pangěran Kusuma Dinata ? Miwarang naon anjeunna ka rayat ?
3. Kumaha cenah taběatna Jěndral Guntur ? Naha disebut Mas Galak ?
4. Naon sababna pangna Kangjeng Pangěran wani ngalawan ka Jěndral Kumpeni ?
5. Kumaha carana Kangjeng Pangěran němbongkeun kawanina ? Kumaha sikep Jěndral Guntur ?
6. Kumaha ari sikep Demang Mangku Praja, nyaksian peta Kangjeng Pangěran ka Jěndral Guntur ?
7. Saha ari Demang Mangku Praja těh ?
8. Cik turutan omongan Jěndral Guntur waktu maněhna ngajak sasalaman, heg petakeun Kangjeng Pangěran nu nampanan ku leungeun kěnca !
9. Kumaha ari saur Kangjeng Pangěran ?
10. Marěntahkeun naon Jěndral Guntur ka ajudanana ?

B. Nyawalakeun Eusi Sajarah/Babad

Sawalakeun ku hidep jeung babaturan !
1. Naon anu karasa ku hidep sanggeus hidep maca carita "Cadas Pangěran" di luhur ?
a. Sedih ?
b. Bungah ?
c. Resep ?
d. Keuheul ?
e. Ceuceub ?
2. Naon nu bakal dilakukeun ku hidep, saupama hidep jadi pamingpin sarta nyanghareupan masalah sarupa nu kaalaman ku Kangjeng Pangěran ?
3. Naha carita "Cadas Pangěran" di luhur bet diasupkeun kana golongan dongěng babad atawa sajarah ? Jelaskeun !
4. Kumaha perasaan hidep ngabandungan Kangjeng Pangěran anu boga kawani saperti kitu ?
5. Coba baca ku hidep buku Pangěran Korněl beunang R. Měměd Sastrahadiprawira (1897 - 1932 ), sastrawan Sunda anu kawentar.


C. Maluruh Bacaan Sajarah/Babad Sějěnna

Baca deui carita sajarah/babad anu sějěnna, tuluy tuliskeun rangkumanana.
1. Judul : _________________________________________

2. Rangkuman hasil bacaan : ________________________________
___________________________________________________________

3. Tětělakeun ku hidep, kumaha patalina ěta eusi sajarah atawa babad jeung kahirupan kiwari ?


D. Latihan
a. Larapkeun kana kalimah gigireunana.

a. digilirkeun 1. Supir _________________ disebutna kusir.
b. peta 2. Cadas těh kudu _______ keur pijalaneun.
c. wawaněn 3. Tempatna ________, pantes loba jelema kalaparan.
d. dikakaya 4. Jěndral Guntur teh _______ gěde ambek.
e. mamaras 5. Jelema tukang ______, matak pikasieuneun batur.
f. mungpang 6. Datang-datang jol _______, ambek meureun.
g. temen 7. Kangjeng Pangěran ________ bisi kapiheulaan diserang.
h. tengen 8. Sanajan nyanghareupan Jěndral Kumpeni, Kanjeng Pangěran teu____
i. Pangěling-ngěling 9. Jendral Guntur _________ ka tempat nu digarawě dibarengan ser
j. dělman dadu Walanda
k. dibobok 10. Panghormat Kangjeng Pangěran, henteu ditarima ____.
l. hara-haraeun 11. Rayat jadi korban lantaran _______ kahayang kumpeni.
m. taběatna 12. Kerisna _______ rada ka hareup.
n. haok-porongos 13. Teu sangka Kangjeng Pangěran kagungan _____ kitu.
o. merengut 14. Pangěran Sumedang siga nu ngajak ngadu _________.
p. siap-siap 15. Anjeunna teu rido ningali rayatna __________.
q. gimir 16. Jěndral Guntur kaburu ělěh ___________.
r. cunduk 17. Saha nu wani ________, kana paměnta kumpeni.
s. samistina 18. Digawěna sing ______ pisan, ngarah gancang beubeunanganana.
t. nedunan 19. Enggal ditampi ku panangan palih ___________.
20. Tugu ěta mah pikeun tanda _______ kana jasa-jasana.

b. Baca jeung paluruh bener henteu larapna !
B - S 1. Awakna ragrag kana cadas, nepi ka maotna
B - S 2. Kahar mah majuna ditarik ku kuda
B - S 3. Pamaěn nu cilaka, ditaěkkeun kana tandu.
B - S 4. Kadu těh tuluy dibobok ku bedog.
B - S 5. Di tempat hara-haraeun loba mobil
B - S 6. Nurun ka bapa, taběatna jangkung badag.
B - S 8. Beungeutna merengut, lantaran ujianana teu lulus.
B - S 9. Geura taki-taki, amběh henteu běakeun dahareun.
B - S 10. Dititah kukumbah baě, maněhna siga nu gimir.
B - S 11. Barang cunduk ka Jakarta, langsung něangan tukang sorabi.
B - S 12. Dahar těh kudu samistina, ulah mindeng teuing.

Tengetan ku hidep.
"Kawas gaang katincak. Kaběh ponggawa jempě, bangun nu ngadedempěs." (Syarif Amin, Kembang Patapan, k. 41)
Dina cutatan di luhur aya ungkara kawas gaang katincak. Ungkara nu kitu těh disebutna babasan, hartina jempling teu aya nanaon pisan. Mun urang leumpang ti peuting deukeut sawah, sora gaang sok kaděngě taya pegatna. Tapi lamun urang leumpang ka palebah tempatna, sok jep bae jempě.
Kecap kawas dina ěta babasan těh sakapeung mah sok diganti ku kecap lir atawa cara.


c. Eusian ku salah sahiji paribasa nu aya di beulah katuhueunana !

1. Eta japilusna těh sok guměnak, mending mun aya turun- cara anjing tutung buntut
an, teu uyahan ________, padahal mah pilakadar anak ha
ji rudin (Samsu, Laleur Bodas, k 15).
2. Bari ____________, gancang kuring nyasadukeun polah si asa teu beungeutan
Wawan (Kis Ws, Mirah Dalima, k 138).
3. Nanging kumaha atuh nya lah __________. Punten wě Kang cara jogjog mondok
Haji, cindekna mah eu .... běnten teureuh waěh (Ahmad -
Bakri, Payung Butut k41)
4. Tuh aya manis, mani ______ dalit jadi hiji, lělěpěn lucu - lir hayam disamber heu -
ninggang dina rěma nu sakitu manisna nyaleprět (D.K - lang
Ardiwinata, Baruang ka nu Ngarora, k. 14)
5. __________ asup bijil teu ngeunah cicing, hayang geura - asa heurin ku lětah
nyalukan Nyi Piah (D.K. Ardiwinata, Baruang ka nu Nga
rora, k. 42)
6. Sarěrěea pada boga piomongeun, nepi ka di dapur mah rě kawas kacang ninggang -
cok henteu puguh děngěkeunana asup kana babasan ___ kajang
__________(Margasulaksana Diarah Pati, k. 114)
7. Musatahil aya jelema anu sarimbag pisan, ______________ asa aing uyah kidul
nepi ka teu dipiceun sasieur, ěstuning ceplěs dina sagala
galana (Margasulaksana, Diarah Pati, k. 114)
8. Bapa Kaliwon nyaritana kitu těh ngagalantang __________, Kawas beubeulahan tě -
bangun sieun aya nu nyelang (Moh. Ambri, Ngawadalkeun rong
Nyawa, k. 13)
9. Dina keur nanjung kitu, maotna Haji Sirod Nyi Haji _____, lir nu dipupul bayu
Asa tungkeb bumi alam. Buntu sagala laku (Syarif Amin,
Nyi Haji Saonah, k. 47)
10 Nu sasari kacida gagahna těh, harita mah rampohpoy____ cara gula jeung peueut
__________, rumbah ngadak-ngadak siga cokrom, berebey
cisoca rembes (Ahmad Bakri, Payung Butut, k. 69)



d. Jodokeun ku hidep ku cara narik garis antara babasan jeung hartina anu bener.

1. asa aing uyah kidul a. dua hal anu ngahiji susah dipisahkeunana, boh soal hubungan
antara manusa (sosobatan upamana) boh soal barang anu salu
yu pisan.
2. asa heurin ku lětah b. taya tangan pangawasa, leuleus lesu.
3. asa teu beungeutan c. sarimbag, sarua pisan, taya bědana.
4. cara anjing tutung d. asa aing pangpinterna atawa pangbeungharna.
buntut
5. cara gula jeung peu e. hěsě rěk nyarita satarabasna.
eut.
6. cara jogjog mondok f. kacida ěrana.
7. kawas beubeulahan g. ramě disarada teu puguh děngěkeunana,
těrong
8. kawas kacang ning - h. kagět pisan ku sabab ngaděngě atawa něnjo hal anu teu disang
gang kajang ka ti anggalna.
9. lir hayam disamber - i. henteu daěk cicing, lanjang-linjing kawas nu samar polah
heulang
10 lir nu dipupul bayu j. norostos capětang, nu nyarita nya gancang nya tarik tur taya -
eureunna.
















1 komentar:

Unknown mengatakan...

Hatur nuhun mang, tugas abdi ayeuna tos rengsé